Taun tujuhpuluh lima, harita teh umur dua puluh opat taun, kuring mimiti 
ninggalkeun dayeuh Bandung, lunta jauh, nya teuing geus sabahara nagara anu 
katincak, tepi ka bumen bumen di ieu nagri ( Perancis)
  Ari ngahaja neang kolot di Ciparay/ Kabupaten Bandung, tatangga sok teu weleh 
nalektek, pajarkeun teh eta masih keneh tiasa basa sunda.
   
  Enya naha aya kitu anu bisa poho kana basa indung nu nyusuan.
  Eta cenah sok kamalayon, dan kitu bae meureun " basa indung" na
   
  Jadi ceuk pangrasa kuring mah, salila indung, bapana make basa sunda, anakna 
oge bakal bisa basa sunda, ari soal bener henteuna mah , boh dina nulis jeung 
ngalisankeunnana atawa dina ngalarapkeun undak unduk basana, eta mah da kolot 
kolotna oge geus loba anu pabaliut.
  Tah didieu pentingna pandidikan teh, boh disakola, atawa lingkungan 
  Jeung nya eta pisan anu dipiharep ti para ahli basa sunda teh, keur 
ngabebener anu teu bener ,keur ngaluruskeun anu teu lempeng
   
  Cag heula ah 
   
  wassalam
   
  
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Kang Iman, mun hayang neangan batur ngomong Sunda, atawa neangan 
urang Sunda di dayeuh, urang kudu make basa2 konci nu netelakeun yen urang teh 
urang Sunda (bisa basa Sunda). Contona bae, make kecap 'punten' pikeun ngaganti 
'permisi', 'kang' pikeun ngaganti 'mas' atawa 'bang', 'teh' ngaganti 'mba', 
jsb. Ku jurus eta, kadang hiji dua sok nyanggut. Nya ari jeung nu geus puguh 
urang Sundana mah, paksakeun bae nyarita ku basa Sunda, lila2 jadi biasa 
geura... Hiji waktu mah kungsi nyanggut pisan ka mojang, ngan ieu mah lain 
kusabab manehna sigana resep ku urang Sunda. Sanggeus lila ngobrol uplek, 
kakara kuring sadar, yen nu diuk gigireunana beulah ditu teh kabogohna anu keur 
dipaseaan. Ngahajakeun ngarah timburu!!! Kerewedel teh.... 

  On 2/27/07, Kang Iman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            saumur-umur di 
batawi can pernah aya anu nanya ku basa sunda
malah mindeng na mah nu nanya teh make basa wetan
nya ngarumasakeun boga beubeungeutan teh siga urang wetan
lamun rek nanya ?
ah sarua we jeung batur, ku basa malayu ...........  






  

         

                
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
 http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke