Kahade kang ah bisi aya nanaon .........

ceuk cenah uarng teh sok diondang kaditu
terus diajak jalan-jalan
dibere oleh-oleh make koper gede
bari diimplik-implikan mihape barang ka si anu di jakarta

horeng simana horeng dijero koper geus diasupan narkoba

ah bisi wae kang ieu mah ..............




On 2/28/07, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Sampurasun,
Simkuring tos lami pisan seuseur nampi email 'laundry money' nu cindekna
ngajak gawebareng transfer-transferan artos. Biasana aranjeuna ngarang
carita saniskanten rupi nu tungtungna nyuhungkeun/nawisan gawebareng.

Bakating ku panasaran mangtaun-taun nampi email nu kitu, kamari simkuring
panasaran ngabales email nu ceunah ti Benin, Afrika. Teu disangka, waleranna
enggal pisan, malihan mah simkuring nampi telepon ti Benin.

Simkuring oge kantos males eta email kalawan nyebatkeun hiji nomer
rekening bank sareng sababaraha data sanesna.

Mung kadieunakeun, simkuring rada mangmang sok sieun mayunan
kajantenan-kajantenan nu teu nyugemakeun. Numawi, dina forum ieu, simkuring
mundut ka parawargi nu kantos ngagaduhan pangalaman atanapi uninga perkawis
ieu kasus, mugia tiasa babagi pangalaman atanapi pangaweruhna ka simkuring.
Hatur nuhun pisan kana perhatosan Aranjeun.


Firman Juliansyah
Jl. Kancra Dalam II No 7Ab, Bandung, Indonesia
Phn: +62 22 5431324, Fax: +62 22 5431325
MP : +62 (0)81.320.656.905
YM & FS: [EMAIL PROTECTED]
http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto

------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
Try the free Yahoo! Mail Beta.

Kirim email ke