Ieu teh diantawisna bahan kanggo keom sakedap-2,ngahaja diborojolkeun tina 
pabetekan,bari ngantosan aya nu haat nerbitkeun deui. Prung!
Kalangkang
Hiji mangsa sinini keur ngahenpon siaki make pasilitas vidio call triji (3G)

"Halow  aki, keur aya dimana yeuh?" ceuk sinini bari uman imen katempo dina 
layar hape  siaki.

"Lah biasa we atuh nini,keur bisnis tingkat tinggi!" tembal siaki gumasep.

"Ari itu saha ditukangeun make wani lunda lende sagala?" sinini satengah 
buncelik pedah dilayar hapena katempo ditukangeun siaki aya wanoja herang 
mencrang lunda lende.

"Har ari sinini kawas nu lieur, pan eta teh kalangkang nini!" ceuk siaki bari 
balaham belehem.



Ceuceub

Togar    :"Cik atuh ari nyupiran téh kudu ati ati, kamari tihang listrik itu 
ditabrak, ayeuna tihang listrik ieu ditabrak!"

Ucok     :"Ieu gé geus ati ati, ngan teuing kumaha ari keur nyupiran téh sok 
ras inget waktu  keur kasetrum!"

Togar    :"Har naon hubunganana,nyupiran, nabrak tihang listrik jeung kasetrum?"

Ucok     :"Teuing atuh, nu puguh mah mun keur nyupiran,heug manggih tihang 
listrik sok langsung wé ceuceub!"

Adil
"Apana, ari ceuk apana salila  rumah tangga sareng mamah, apana tos ngarasa 
adil, encan?"

"Asana encan, Mah. Naha hayang kitu ningali bapa adil?"

"Puguh we atuh!"

"Tah atuh mun kitu mah idinan bapa nyandung, pasti bakal adil, lantaran waktu 
kilir bakal dibagi rata, mamah tilu poe, nu ngora oge tilu poe!"



Ah sakitu we nya, ieu mah etang2 landong baeud, lantaran mun baeud wae hayam 
tatangga sok ngadadak paraeh. (sr)








Kirim email ke