wilujeng wayah kieu dulur, tamba euweuh batur yu urang ngahariring.
kaleresan sikuring gaduh dua tembang. galindeng tineung ti détty kurnia.
dina wanda pop jaipong calung. yu urang sami-sami ngahariring. tembang
munggaran dina judul "pras pris", ditema ku "serat ti anjeun".. yu tarik
mang....

pras pris
ku: détty kurnia

pras pris hujan soré
rus ras inget baé
dag dig dug ratug haté
ah sok aya-aya baé

pras pris hujan soré
inggis henteu sumping
panutan buah haté
ah piraku jalir jangji

kapan ceunah kanyaah moal kahalang ku hujan
kapan ceunah miasih moal kagémbang nu lian
kapan ceunah mihéman tumeruskeun lelembutan
kapan ceunah micinta lahir tumekaning batin

pras pris hujan soré
rus ras inget baé
degdegan seseblakan
ah teu puguh rarasaan

pras pris énjing-énjing
haté jadi meulang
longkéwang haté manteng
ah kunaon jadi bimbang

pras pris tengah dinten
ngumbar panglamunan
sawangan paninengan
ah jadi imut sorangan

naha enya asmara gumulung sajuta rasa
naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
naha enya katresna pinuh liku romantika
naha enya satia bakal jadi pamatrina

pras pris sora kalbu
ngentring jadi lagu
maturan rasa simpé
ah sing surti nu nampina

naha enya asmara gumulung sajuta rasa
naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
naha enya katresna pinuh liku romantika
naha enya satia bakal jadi pamatrina

pras pris sora kalbu
ngentring jadi lagu
maturan rasa simpé
ah sing surti nu nampina
---

serat ti anjeun
ku: détty kurnia

kembang tresna natrat na serat munggaran ti anjeun
janji matri na dasaring sanubari ti anjeun
kecap cinta diréka ku basa éndah ti anjeun
serat anjeun éndah duh duh éndah
geter tineung paheut jangji
duriat ukur kaserat
imut anjeun teuteup anjeun
iraha atuh sumpingna
geter tineung paheut jangji
duriat ukur kaserat
imut anjeun teuteup anjeun
iraha atuh sumpingna

--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com
deha.wordpress.com

Kirim email ke