kang rachmat kumaha damang?
upama kuring hayang apal leuwih jero ngeunaan SIMPAY kedah 
kamana/kumaha kang.
hatur nuhun pisan
baktos sonirosa

On Sun, 4 Mar 2007 17:17:19 -0800 (PST)
  MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ieu aya oleh-oleh tina acara Diskusi SIMPAY 28
>Februari kamari, anu topikna “Arsitektur Rumah Adat
> Tradisional Sunda” anu didugikeun ku Don Hasman. Topik
> bahasan teh ahirna, bras ka adat istiadat Urang
> Kanekes/Badui, anu dianggap tiasa ‘mewakili’
> kebudayaan Sunda asli. Punten, pedaranana ‘amburadul’,
> teu puguh entep seureuhna dina perkara migunakeun basa
> Sunda. Tos lami tara diasah. Mugi dima’lum.
> 
> Pihatur,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> Ciri Imah Tradisional Sunda
> 
> Don Hasman teh salah sahiji tukang poto lingkungan 
> jeung kabudayaan  Nusantara anu kawilang jarang aya
> tandinganana. Malahan mah kaasup kana 100 tukang moto
> pilihan sadunya. 32 tahun ngulibek wewengkon Nusantara
> nepi ka jero-jerona pakampungan hiji etnis. Teu heran
> lamun hasil jepretan-jepretanana kawilang nyongcolang
> jeung boga ciri khas dibandingkan hasil jepretan
> tukang potret sejenna. Salah sahiji kakayaanana teh
> nyaeta dokumentasi foto-foto imah adat Sunda.
> Wewengkon  adat Sunda di  Jawa Barat mah geus
> dikulibek kabeh. Ti mimiti Cigugur Kuningan, Kampung
> Naga Tasik, Cianjur, Sukabumi, Sumedang, nepi ka
> wewengkon pakidulan Banten. Tina hasil moto eta, aya
> sababara kacindekan anu bisa dijadikeun patokan.
> 
> Beuki lancar jalanan anu ngaliwatan hiji wewengkon,
> beuki ngurangan kana kaaslian budaya jeung adat anu
> aya di hiji komunitas. Contona, di wewengkon Banten,
> dimana prasarana jalan masih susah, kabudayaan di
> komunitas eta beuki kajaga kaaslianana. Tapi mun hiji
> wewengkon geus bisa ditembus ku ojek motor, bisa
> dipastikeun budaya di komunitas eta ngalunturan.
> 
> Struktur imah asli adat Sunda dibagi tilu,
> tepas/golodog, ruang tengah, jeung dapur. Di ruang
> tengah teu aya kamar pangkeng (tidur). Kamar
> pacilingan ayana di luar imah. Ciri has sejenna nyaeta
> imah mangrupa  panggung, dimana aya batu anu jadi
> sokoguru keur nahan tihang. Imah adat Sunda oge geus
> kenal kana ventilasi jeung jandela pikeun ngatur hawa
> sangkan di jero imah sirkulasi udarana sehat. Terus,
> biasana di buruan aya kebon jeung balong. Dina suhunan
> sok aya  antene atawa siga tanduk anu leuwih luhur
> batan hateup imah. 
> 
> Sok sanajan Don Hasman teh  teu aya kasangtukang
> khusus di widang antropologi, arkeologi atawa diajar
> metodologi ilmiah, tapi hasil jepretan foto-fotona
> mangrupa hiji data otentik  anu munel jeung leuwih
> punjul tibatan hasil panalungtikan anu ngan sakadar
> hasil wawancara para mahasiswa anu terus dijadikeun
> disertasi hiji doktor ku salah sahiji dosen ti Unpad.
> Ayeuna Don Hasman keur nyusun hiji buku anu
> ngagambarkeun kaanekaragaman budaya asli Nusantara.
> Tujuanana rek nunjukkeun  ka dunya yen di Indonesia
> masih aya komunitas anu masih mulasara budaya jeung
> adat asli. Rencanana mah buku eta teh ngan dicetak 50
> buku. Buku eta rek dikirimkeun ka Universitas Leiden
> Walanda jeung museum Smithsonian Amerika Serikat.
> 
> 
> 
> Odon Tukang Nyolong Foto
> 
> Teuing saha ngaran anu jelasna, jeung aslina ti  mana,
> tapi Don Hasman (67) kaasup salah sahiji tina opatan 
> urang luar  anu diaku jeung geus dianggap kulawarga 
> ku urang Kanekes/Badui. Anu sejenna nyaeta Uli Sigar
> Rusadi, Pa Adang (ti Bandung) jeung pa Sopandi anu
> ayeuna aya di Malaysia. Don Hasman teh salah sahiji
> anggota Kehormatan Mahasiswa Pencinta Alam (MAPALA)
> UI, kungsi jadi wartawan foto majalah Mutiara (alm),
> foto-foto flora, fauna jeung kabudayaan Indonesia
> hasil jepretanana jadi langganana media asing. Jadi
> teu heran lamun Don Hasman dianggap salah sahiji tina
> 100 tukang potret sadunya anu kahot (beken). Foto-foto
> ekslusip anu dipiboga Don Hasman diantarana foto
> kahirupan urang Badui jero, aya kana 7000 foto.
> Padahal pan dipahing pisan motret  kaayaan urang Badui
> jero teh. Mangkana urang Badui mah mere ngaran ka Don
> Hasman teh “Si Odon tukang nyolong poto”.
> 
> Waktu ditanya sabaraha lilana supaya bisa dianggap
> jadi kulawarga urang Badui jero, cenah aya kana 8
> tahunna. Lamun diitung-itung, nepi ka ayeuna geus aya
> kana 500 kali nganjang ka badui jero. Malahan mah 
> kungsi dina  salah sahiji taun nganjang ka Badui nepi
> ka 38 kali. Kumaha bisa motret kahirupan urang Badui
> jero. Aya carana, biasana lamun keur ngayakeun gotong
> royong, inda-inda (pura-pura) ngareureuh deukeut tas
> anu eusina tustel, api-api ngarampaan tas babawaan,
> padahal mah rek motret.
> 
> Sok sanajan kitu, Don Hasman teu wani ngarempak
> aturan, nyaeta teu wani motret  “Sasaka Domas” tempat
> sucina urang Badui. Nepi ka ayeuna teu aya potret
> lokasi sasaka Domas atawa aya naon di Sasaka Domas.
> Aya pangalaman babaturanana Don Hasman, nyaeta  Norman
> Edwin jeung Didik Syamsu. Duanana the anggota MAPALA
> UI. Hiji waktu kanyahoan ku Puun maranehanana asup ka
> wewengkon Sasaka Domas. Harita keneh Puun ngambek
> jeung ngusir dua jalma eta.
> Ceuk cenah mah aya 9 urang anu asup ka Sasaka Domas
> the, tapi teu apal saha-sahana. Kadieunakeun Norman
> tiwas kacilakaan di puncak gunung di Latin Amerika.
> Ari Didik Syamsu tiwas kacilakaan di puncak Gunung di
> Papua. Duanana teh maot  ngora. Don Hasman yakin,
> duanana teh keuna supata ngarempak tempat suci urang
> Kanekes. Pernah oge kajadian aya urang luar Kanekes
> anu ngahaja ngadatangan Sasaka Domas. Na atuh ari nepi
> ka imahna, kalakuanana siga anu jalma teu waras.
> Kakara sadar deui sabada diinuman cai herang ti
> Kanekes. Mun teu salah mah Pa Anis Jatisunda oge
> kungsi ngadongeng, ngalaman  ka tempat Sasaka Domas.
> (cik kang Hendra ”Balebat” di cek deui ka jinisna,
> naha enya  kitu kantos ka Sasaka Domasna urang
> Kanekes?).
> 
> 
> 
> Pangalaman Anu Aheng
> 
> Don Hasman ngaku, Urang Kanekes teh boga kakuatan
> supranatural anu luar biasa. Hiji mangsa Don Hasman
> rek indit-inditan  ti hiji tempat urang Badui jero ka
> tempat sejenna anu biasana lamun jalan biasa meakeun
> waktu kana 28 jam perjalanan. Ku Urang Kanekes teh
> sukuna Don Hasman diusap bari jeung dijampean. Eta
> perjalanan turun naek gunung the ngan meakeun waktu 6
> jam. Kitu deui aya hiji wanoja anu geus ripuh ku sabab
> cape. Tapi barang diusap sukuna ku urang Kanekes,
> ngadadak jagjag waringkas. Nepi ka imah eta wanoja teh
> menta dipencetan ku sabab paregel. Na atuh  barang
> tukang ngurut  nyekel suku wanoja eta, kokoceakan.
> Ngarasa aya ‘nu aneh’ dina diri wanoja eta.
> 
> 
> Doktor Jeung Data Palsu
> 
> Ku seringna ngayakeun interaksi jeung urang Badui
> jero, jadi nyaho leuwih jero adat kabiasaan masyarakat
> Badui jero. Aya katugenah Don Hasman kana hiji
> disertasi doktor dosen Unpad (ngahaja teu disebut
> ngaranna, teu etis) anu nalungtik perkara Badui di
> Cikeusik, Cibeo jeung Cikertawana. Dina disertasi eta
> teh disabit-sabit yen di Cikeusik jeung di Cibeo aya
> ‘rumah adat’ paragi ngayakeun upacara adat. Ngan di
> Cikertawana anu heunteu miboga ‘rumah adat’. Padahal
> Don Hasman boga bukti-bukti foto di Cikertawana oge
> aya ‘rumah adat’. Aya sababaraha data deui dina
> disertasi eta teh anu patojaiyah (=bertentangan) jeung
> kaayaan sabenerna di lapangan. Ku naon bisa kajadian
> saperti kitu ? Kahiji, data lapangan dikumpulkeun ku
> para mahasiswa, ari dosenna mah ngan sakadar saperluna
> datang. Kadua, disertasi diuji di paguron luhur
> Malaysia, anu teu ngarti perkara kabudayaan urang
> Kanekes. Don Hasman ngarasa boga kawajiban moral
> pikeun ngoreksi hal ieu, supaya  ‘pembohongan publik’
> bisa dicegah. Saperti siga ayeuna,  di masyarakat aya
> embaran yen di Badui jero teh ngan aya 40 urang. Lamun
> leuwih ti 40 puluh kudu aya salah saurang anggota
> masyarakat Badui jero kudu ka luar. Ieu embaran teh
> teuing saha anu nyebarkeun, tapi bener-bener teu bisa
> dipercaya. Sabab lamun ditanya ka Puun, Puun oge teu
> bisa mastikeun aya sabaraha jiwa atawa kulawarga di
> Badui jero. Ahirna Don Hasman ngayakeun sensus
> sorangan di tilu tempat Badui Jero. Kanyataanana,
> jumlah jiwana beda-beda. Aya rencana, Don Hasman rek
> ngagugat disertasi doktor dosen Unpad eta dina hiji
> forum ilmiah terbuka. (Kumaha tah kira-kirana, KUSnet
> wani heunteu jadi fasilitator debat ilmiah terbuka
> perkara ieu?)
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ____________________________________________________________________________________
>Food fight? Enjoy some healthy debate 
> in the Yahoo! Answers Food & Drink Q&A.
> http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545367

========================================================================================
Ikuti Kuisioner untuk pelajar dan mahasiswa di 
http://netkuis.telkom.net/survey_new/ . Kami sediakan 10 MP3 Player plus goody 
back bagi 10 responden yang beruntung berdasarkan undian dan memenuhi 
persyaratan.
========================================================================================
 

Kirim email ke