Hapunten, ngiring ngariung, asa kataji ku obrolan saderek sadayana....
:-) 

Enya, meni asa kaingetan kana kasus anu kajadian di Lombok NTB dua taun
katukang..

Aya kajadian anu matak muriding sa bulu-bulu, masjid anu cindekna bumi
Allah di burak barik ku ummat anu ngangken ummat Muhammad keneh, ke ke
ke, meni asa pamohalan nya?

Keun we lah ari ngomongkeun perkara Poso, Sampit jrrd mah da tos puguh
alang ujur na, da ieu mah geuning anu matak hemeng teh nyaeta perkara
papada urang, ceuk nonoman mah ceunah, jeruk makan jeruk heuheuheu...

Masjid dibaledogan, wanoja anu nganggo pakean sarwa nutup di "usir", beu
naha bet nepika kieu na nya!!!

Salah saurang warga kantos di wawancara, ceunah mah etateh "aliran agama
nu anyar", tah geuning ngagorehel rusiah teh..... geuning minangka hal
utama anu ngalantarankeun "amuk massa" teh ngurunyungna ti para
provokator...

 

Enya, ceuk simkuring mah eta kasebatna provokator, atuh da teu kitu
kumaha, nu puguh mah aya jelema anu ngagaduhan paniatan sae ngadon di
rogahala, eta mereun teu sapagodos jeung ilaharna kampung eta, lain
ngalantarankeun timbulna fitnah apan? Tong bujeng ning hirup kumbuhna
ummat anu sarua, dalah jeung anu beda kayakinan oge pami di lalanyah di
cukcruk heula pasualanna mah apanan bakal timu jeung kasimpulan, atanapi
ceuk basa sejen mah asak tinimangan.

 

Ari ceuk si kuring, lamun ditilik dina bagbagan agama, pangna wanoja
ditutup sakujur awakna, eta wanoja teh anu ecesmah keur usaha
nanjeurkeun "kamurnian" Islam....

Si kuring deuk nyaritakeun dongeng anu matak tiis kana hate, aya salah
sahiji babaturan (urang Arab), sakumaha ilaharna maranehna lamun tepung
jeung usum panas sok pirajeunan "ngalancong" ka luar nagri, nya tujuan
na teh biasana lamun ka Asia osok ka Malaysia atanapi ka Indonesia, di
Indonesia nya tempat anu kakoncara di maranehna mah nyaeta di Puncak
Bogor, keun lah ari nyaritakeun tektek bengekna mah moal, ngan aya hiji
carita anu matak regreug kana hate si kuring, nyaeta ceunah, lamun ulin
ka Indonesia, maranehna teu hariwangeun pagegeye jeung pamajikanna katut
anak2na di sabudereun Indonesia, urang ge papada apal mereun ari para
isteri urang arab mah kawentar ku ditutup buni sakujur awak bari jeung
warna-na hideung meles, tapi eta anu jadi ka agul urang arab, ceunah
sanajan aneh mahiwal ti nu kailaharan urang Indonesia, teu ieuh aya nu
gereuh, malahan siga di apilain keun, anu hartina mungguh bangsa dengeun
ge geuningan teu ngarasa hariwang kukulamprengan di daerah urang, tapi
naha ieu di sawatara daerah masih keneh aya anu kitu nya? Jeung deuih
anu matak hemeng teh bet boga kasimpulan anu bisa diaranan "teu uni",
pan ieu teh hasil gawe anu teu rancage, gereges gedebug tanpa mikir
duakali ceuk urang Bandung mah :-)....

 

Punten ah,

 

Baktos,

 

________________________________

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Yuliadi
Sent: Monday, March 05, 2007 5:16 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] FW: Ini terus buat apa?

 

tatanggi payuneun bumi nganggo jilbab/raksukan sapertos kieu

sok sakapeung ditutur-tutur diawasi ku aparat.

kunaon?

memangna kedah sapertos kieu?

lur, kuring rada teu ngartos perkawis ieu, muasal na jrrd..

(heuheu punten ah da geuning ari barudak leutik mah kalahka sawan) 

aya nu tiasa pangajelaskeun.

nuhun

 

 

-----Original Message-----
From: Gita Gustina R 
Sent:  

To: 
Subject: Ini terus buat apa?

 



-----------------------------------------
This e-mail (including any file attachment) contains confidential
information and/or may also be legally privileged. It is intended
solely for the use of the named addressees and any unauthorized
dissemination or use by any other person or entity is strictly
prohibited. If you are not the intended recipient you should not
transmit, copy, print, disclose or otherwise make use of and/or
place any reliance on this e-mail and its contents. If you have
received this e-mail in error, you should immediately notify the
sender by return e-mail and delete all copies from your system. The
views, opinion or advice as may be contained herein are those of
the sending individual and do not necessary represent that of SABIC
or bind SABIC. E-mails can be corrupted, altered or falsified and
SABIC shall not be liable for any alteration or falsification on
this e-mail.

Kirim email ke