Teknologi Web 2.0
Naon sih web 2.0 teh, meureun can loba masarakat can nyaho istilah ieu, ngan
saeutik oge masarakat nu pakepuk dinu widang rancatan (IT) can jengtre ngeunaan
istilah ieu. Ari Web 2.0 teh hiji trend buzzword tinu widang internet nu
panganyarna. Ieu teknologi teh di mimitian di sabit-sabit ku prakarsana Dale
Dougherty ti Media OReilly (nu terkenal tinu widang nerbitkeun buku-buku boh
tinu widang IT atanapon widang laina).
Ieu Web 2.0 teh hasil ti pananglutikan Dale jeung Craig Cline ti MediaLive
(http://www.web2con.com). Ahirna di bulan Oktober 2004 OReilly Media, Battele
jeung MediaLive ngalakukaeun konfrensi Web 2.0 kahiji jeung nu kadua di bulan
Oktober 2005. Tapi samemehna ayana istilah Web 2.0 dipake heula istilah
semantic Web.
Web 2.0 teh hiji inovasi jeung fitur-fitur anyar nu muncul di widang web mawa
kamajuan anyar ngeunaan jinis situs web atawa aplikasi web. Sok sanajan geus
kadenge rada lila ku para praktisi Web, nanging masih loba nu nanya ngeunaan
fungsi jeung kagunaan Web 2.0 hasil ti pananglungtikan ieu teh.
Web 2.0 teh hiji teknologi web anu ngahijikeun teknologi-teknologi nu aya
keur ngawangun web, saperti gabungan ti HTML,CSS,JavaScript, XML, jeung wae nu
keur panas-panas ayeuna nyaeta AJAX (lain klub sepakbola ti nagara walanda !).
Parkembangan web 2.0 leuwih nekankeun kanu parubahan cara mikir keur
nyajikeun isi atawa kontent jeung tampilan dinu jeroan web. Web 2.0 oge
diaplikasikeun bentuk halaman web nu sifatna kawas program desktop nu umumna
kawas windows, saperti drag and drop, auto-complete mun basa legegna. Aplikasi
Web 2.0 teh disajikeun di hiji web browser teu merlukeun teknologi canggih ti
sisi user, saperti MS Word, MS Excel.
Teknologi Web 2.0 ieu teh hiji fasilitas nu haratis nu bisa digunakeun tiap
waktu. Masalah ngeunaan manajemen file oge teu hese-hese teuing, jeung deui si
file teh bisa di simpeun jeung bisa di sharing ku user lain, samodel napster
(http://napster.com). Salah sawios teknologi web 2.0 ieu bisa ditingali di
aplikasi spreadsheet mang Google nu ngolah angka-angka kawas MS Excel
(http://spreadsheets.google.com).Utama na diwangun Web 2.0 teh keur mere user
jeung system teu hese dinu interaksina.
Jadi Web 2.0 hiji layanan web keur si user , jeung si user teh di bere
kalegaan jeung kagampangan dinu layanan nu aya. Misalna dinu hal user interface
hiji web nu ngagunakeun teknologi flex (aplikasi rich internet nu basis na
flash), lazio (bentuk dasar ti aplikasi flash nu open source), atawa
ngaggunakan aplikasi ajax di gmail atawa google map.
Tapi conto web 2.0 jeung web 1.0 atawa web biasa samodel,
Program anu ngahasilkeun duit di internet dimana, si user ngan nempelkeun
iklan atawa gambar di tiap halaman web manehna. Conto keur Web 2.0 nyaeta
google AdSense sedengkeun keur web 1.0 double click
Web 1.0 : hiji layanan keur sharing foto, anu mimitina di luluguan Lisa
Garisky jeung Kamran, nu mimitina ti Berkley Calipornia ari web na teh mimiti
lalar tahun 1993 bulan desember nu dingaranan Ofoto , sedengkeun Web 2.0 nyaeta
Flickr hiji manajement Foto, jeung bagi-bagi aplikasi
(http://www.flickr.com/aboutus)
Web 1.0 : hiji layanan ti parusahaan nu nyadiakeun distribusi platform
komputer keur global internet content (http://www.akamai.com), sedengkeun keur
web 2.0 nyaeta BitTorent (http://www.bitorrent.com) salahiji protokol jeung
software share file nu ceuk keren na mah P2P (Peer to Peer)
Web 1.0 : hiji layanan keur download lagu-lagu tinu format MP3
(http://www.mp3.com), sedengkeun Web 2.0 nyaeta napster salahiji raksasa keur
musik online, share file nu di luluguan ku Shawn Fanning
(http://www.napster.com)
Web 1.0: hiji layanan keur ensiklopedia nyaeta Britanica Online
(http://www.britannica.com), sedengkeun keur Web 2.0 hiji multibasa ari isina
bebas diisiean ku urang samodel ngasupkeun istilah-istilah sunda nu keur di
hancaan ku Kang Kumi ka wikipedia
Web 1.0: browser nu jaman eta nyaeta Netscape Navigator ieu hasil prodak ti
America Online (AOL), sok sanajan tampilan na rada kaku, tapi bisa dipake di
platform windows, Mac jeung Unix, ari Web 2.0 nyaeta hiji raksasa search engine
nu kiwari sok dipake ku praktisi atawa user nu ngelehkeun kadigjayaan Yahoo,
nyaeta mang Google tea.
Jadi Web 2.0 teh umumna hiji teknologi anu gratis atawa ceuk istilah ayeuna
mah OS atawa Open Source, jeung deui ngagunakeun na teh murni pisan web, jeung
deui si user teh ngabogaan datana di situs, jeung deui gampang pisan keur share
atawa ngasupkeun jeung mawa data.
Cag ach.
Yayan Mulyana (nuju diajar nyerat )
http://geocities.com/jajaka_subang
Elmu teh
Moal kacipta ku pujangga
Moal kagambar ku tukang ngarang
Moal katepi ku tukang mikir
Moal kacatur ku juru pantun
---------------------------------
Yahoo! Messenger - with free PC-PC calling and photo sharing.