Abah/Ambu/Saderek sadayana,

Kamari ka sim kuring aya urang lembur ti Sentak Dulang nelpon. Eta lembur
teh lebah-lebah na mah di daerah gunung Palasari upami teu lepat mah
sajajaran jeung gunung Manglayang, Gunung Kasur tug dugi ka gunung Tangkuban
Parahu. Pokona mah kalereun Bandung lah.

Ari maksudna nelpon teh deuk nanyakeun perkara tutuwuhan Jarak tea anu cenah
bisa dipake jang Bio diesel. Ngan dalah kumaha da kuring oge poekeun ari
masalah nu siga kieu mah. Janten nya sim kuring lumpat ka ieu babakan bade
mundut pituduh ti saderek saha wae anu langkung paos dina masalah Jarak jang
Bio diesel ieu.

Cingan bejaan kuring:
1. Tanahna kudu nu kumaha anu cocok jang pepelakan Jarak ieu.
2. Kumaha tata cara tatanenna
3. Kamana ngajual hasilna

Sigana mah ari nu masalah kahiji jeung kadua mah teu pati balueng da
dulur-dulur nu ti lembur teh tukang tani kabeh ngan kamana ngajualna anu teu
ngarti pisan mah. Lamun cenah mah aya instansi nu kudu didatangan di Bandung
nu boga informasi ieu sakantenan wae atuh pasihan terang.

Hatur nuhun kana bongbolonganana, insya Allah ku sim kuring informasina
bakal ditepikeun ka urang lembur eta.

Salam,
Budyana

Kirim email ke