eit...nyabit-nyabit ngaran uing, ganti ah ulah ku arumanis....ku buuk euleuh eta godeg jeung janggotna mani leubeut kitu, jugana mun diterminalna leuwih edun.
da eta geuning anjeuna mah dua minggu sakali diparas. -----Original Message----- From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, March 13, 2007 7:43 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Nyarios Sunda Sim kuring nambihan yeuh. Gera perah itu sapi teh jang! à perah = peres Peurah oray bisa mateni manusa. à peurah = racun Mangga lebet ka bumi ulah isin-isin! à lebet = masuk (bhs. Indonesia) Tangkal arumanis kang Juliadi meni leubeut ku buah. à leubeut = lebat (bhs. Indonesia) Budak teh meni hideng nyuguhan cai ka tamu indungna. à hideng = tidak usah disuruh Kulit urang Afrika lolobana boga warna hideung. à hideung = hitam (bhs. Indonesia) Bima ngabekahkeun dada Dursasan. à bekah = beulah Kembang di pakarangan geus mimiti beukah. à beukah = mekar, berkembang (bhs. Indonesia) Salam, Asep netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: urang Latihan ngabentenkeun e sareng eu... 1. Yan, beunang teu kuring make benang warna hejo??? 2. Di belah mana, si Aki ngabeulah kalapa teh Nin? cobi aya nu nambihan deui.... --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten atuh urang lereskeun, aya sababaraha kalimat > anu lepat nyeratna ; > leupat -- kedahna ==> lepat > dipangameungan -- kedahna ==> dipangamengan -- > kecap asalna : ameng > padameulan -- kedahna ==> padamelan -- kecap > asalna : damel > ceunah -- kedahna ==> cenah > cakeut -- kedahna ==> caket > leupat -- kedahna ==> lepat > janten -- kedahna ==> janten > dileureuskeun -- kedahna ==> dilereskeun -- kecap > asalna : leres > > Pihatur, > ssw > > > "k.putra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa > karuhun urang sunda, tos > langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung > sapertos bogor > atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah > milarian anu masih > keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah > panginten > murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung > resep ngangge basa > indonesia kangge basa panganteur sadidinten. > > pami di sakola hungkul mah teu nanaon eta oge, da > kurikulum > pangajaran di urang nganggena basa indonesia. mung, > pami di luar > sakola mah cik atuh ngangge basa sunda. da urang teh > aya di ligkungan > urang sunda. ari sanes ku urang sunda nyalira mah, > ku saha deui atuh > basa sunda teh bakal dianggo. piraku ku bule ti > amerika mah. > > da kumaha atuh, di bumi na oge ku rama sareng ibu na > teu dibiasakeun > nyarios basa sunda. ceunah pami murangkalih nyarios > basa indonesia > teh gaya. naha ari nyarios basa sunda teu gaya kitu, > da gaya atuh. > padahal mah eta teh sami sareng maehan budaya > sorangan. enya teu ? > > sok sirik da abdi mah. bareto, nuju kuliah di bogor > rerencangan > cakeut abdi sadayana urang batak. jigana teh, pami > urang batak pendak > sareng urang batak pasti weh ngangge na basa batak. > naha ari abdi, > sok asa ku sesah teh milarian rencang nyarios sunda. > padahal mah pami > teu leupat, insyaallah deuih moal leupat bogor teh > masih keneh > lingkungan sunda. > > alesanna teh da basa sunda nu tiasana mung basa > sunda kasar. atuh > keun wae. sugan engke mah tiasa janten lemes. ulah > ieu mah malah > dipopoheukeun. > > sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa > sunda. minimal di > lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan, > atuh sugan engke > mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat > teh gaduh > program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa > nasional kadua > saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah > pamohalan janteun kadua. > > sakali deui urang sunda nyarios sunda. > > catetan > hoyong dileureuskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami > ieu tulisan teh > aya kalepatan. > > > >

