Kangge akang2/teteh2 nu ngaraos boros akina pedah ngahurungkeun lampu ageung, panginten panyababna teh sanes ku lampu-lampu teuing, angot seuseueurna mobek ayeunamah lampu ageung teh listrikna langsung ti dinamo. Panyawat 'aki-aki boros' teh biasana kulantaran:
(hususon motor ieu mah..) 1. akina memang tos udzur idealna tilu taun, nanging tergantung pemakaian sareng kualitas aki. biasana aki-aki nu diangge ti dealerna mah kiat dugi ka tilu taun. 2. seueur teuing nganggo aksesoris misalna alarm, lampu2 centil, klakson satilu-tilu bari jeung gararede, terus rajin ngelakson unggal aya nu ngahalangan saolah2 ngomong: "halik siah aing rek liwat buru2!" angot mun make masang magic jar, kulkas jeung tipi mah. boros pisan. 3. kabel2 aya nu soek (terkelupas - ind) kulantaran misalna kagencet, nu antukna misalna keuna ku cai nempel ka bodi, kasedot listrikna si aki-aki teh (arusna teu ageung nanging manteng, janten sikring oge teu pegat, janten si aki tereh soak) 4. sambungan kabel sekering karahaan. ieu nu seueur kajantenan, kaalaman ku abdi oge. Si sakadang aki teh teu pol ngecasna kulantaran listrik ti dinamo lebetna teu lancar gara-gara sambungan kabel nu karahaan. 5. ... 6. ... jrrd. janten intina, teu kedah nyalahkeun lampu ageung. kuring ge satuju ngahurungkeun lampu ageung siang-siang teh, da geuning asa 'gaya' euy.. lampu kuring karak genti model.. asa ginding.. heuheu.. teu salamina kawijakan pamarentah (pulisi) teh goreng, sanajan dina prak-prakanana mah angger we jadi 'lahan' pikeun pulisi nangkep sakadang motor nu kaleresan pareum.. lumayan lah sapuluh rebu.. mangga ah.. iwan ukurbisapipilueun ----- Original Message ----- From: surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, March 13, 2007 11:34 AM Subject: Re: Balasan: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol ! Tah eta mun teu nganggo aki..meureun make dinamo atawa magneto...komo teu ngahurungkeun lampu gede atawa make listrik lain (kaklaksonan keur ngaheureuyan aarudak), eta teh moal "ngirit" nanaon, kulantaran eta dinamo/magneto teh tetep we muter ku mesin (beban mesin). --- Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sanajan teu ngahurungkeun lampu (gede) oge, angger > we > aki mah digawe keur : "starter", "klakson", "rihting > / > sign" > > Motor kuring (Honda Kasima), teu make aki, lampu > gede > mah hurung > > emod > > --- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > laqmpu dihurungkeun ku Aki..Aki dieusian ku > > > dinamo..janten aya wae kasaimbangan..lamun Aki > > > dianggo > > > eta elektrolitna janten aktif . lamun langka > > > ngahurungkeun lampu...aki teh outputna sakedik > > > pisan...dieusi oge sakedik...langkung seur > reaksi > > > kimia anu ngagerus elektrodana.. kulantaran > tara > > > dinggao kangge kaperluan arus kuta (lampu > > > utamina)..proses "reverse' (pangisiannana > janten > > > kirang...akibatna...Aki pendek umur..... > > > > > > Elmu tungtut dunya siar, > hade turut goreng singlar, > mun korupsi burut siah..!!! > > > > > > > > > > ________________________________________________________ > > Sekarang dengan penyimpanan 1GB > http://id.mail.yahoo.com/ > ____________________________________________________________________________ ________ Never miss an email again! Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

