urang asup-asupkeun taunna...

muhammad jadi rasul taun 610/611 M..
nabi maot kira-kira taun 633/634 M
ali bin abi thalib hirup antara taun 599-661 M

prabu linggabuana nu katelah prabu wangi maot taun 1357 M, lamun seug
raja saeunggeusna langsung disebut silihwangi nya meureun ti taun ieu
pisan munculna sebutan siliwangi. sedeng sribaduga maharaja nu sok
disebut-sebut anjeunna pisan siliwangi, jeneng raja dina taun
1482-1521 M

jadi memang bener saha ari kian santang masih pasolengkrah keneh, can
puguh. kudu dibebener diteangan deui bukti sajarahna...

dh

On 3/13/07, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Dina buku2 anu kantos kabuka, ngeunaan Kean/Kian Santang teh memang minim
> pisan rujukanana. Dina buku Yuganing Rajakawasa (asana mah), Kean Santang
> teh kasabit saeutik, nyaeta Raja Sangara tea, putra adina Walang Sungsang
> anu bungsu. Aya oge nu nyebutkeun yen Kean Santang teh hirupna sajaman jeung
> Kanjeng Nabi SAW (sigana mah ngarujuk kana wawacan Gagak Lumayung), patali
> jeung 'klaim' yen asupna Islam ka Tatar Sunda teh ti jaman Nabi jumeneng
> keneh. Tapi nya kitu tea, buktos2na mah teu aya... Anu pasti, dedegan Kean
> Santang teh raket pisan jeung carita sumebarna Islam di tatar Sunda.
>
>  Bilih bae hoyong uninga langkung eces, mangga cobi 'amengan' ka Godog...
>
> On 3/12/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> >
> > Kian Santang putrana Prabu Siliwangi, duka ti istri nu mana can kabaca,
> ari ngaran lengkepna Ki Hyang Santang Aria Cakra Buana, sok disingget Kian
> Santang.
> > Dian sajarah resmi aya ge Raden Cakra Buana keur ngorana katelah Walang
> Sungsang boga dulur ngarana Raja Sangara jeung awewe Rara Santang, satuluyna
> Rara Santang boga budak Syarif Hidayatulloh nu engkena jadi Suna Gunung Jati
> ti Cirebon.
> > Dina wawacan Gagak Lumayung, teu dijujut awalna, ngan geus jleg gede weh,
> geus neangan kasaktian ka tanah Arab nu satuluyna panggih jeung Bagenda Ali
> tea.
>

-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke