Prof Slametmulyana dina bukuna Asal Bangsa dan Bahasa Nusantara nyabit perkara basa Sunda nu rada deukeut kana basa Palaung, komo palebah nyebutkeun kecap nunjuk boh keur deukeut boh keur jauh, nyaeta kecap ieu jeung eta, ceuk eta buku asalna tina "i-รถ" jeung "i-tay" nu aslina tina basa Palaung. Basa Palaung nyaeta basa anu aya di nagara Burma (ayeuna Myanmar). Sedengkeun ini dina basa Indonesia aya sasaruaan jeung basa Mundari (basa anu aya di India). Sigana basa nu aya di wewengkon Nusantara, memang asalna ti darata Asia (Campa, India, Burma jeung sabangsana). Ka baraya sadayana manawi aya nu kantos ningali buku kamus Palaung-Inggris, da ari Palaung-Indonesia mah dimana boa, cik kuring wartosan. Kuring ge atos ngintun email ka Kedubes Myanmar, mung teu acan aya waleran. Hatur nuhun
MSasmita

