pih, upami ieu kalimah "gancang buruan teh geura sapukeun!"
  didieu buruan teh panginten halaman nya pih?
  conto kalimah nu sanes nu hartosna halaman .."barudak keur arulin di buruan"
leres teu pih?
   
  teh puji
  
Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Leres....!!, kawitna,  mah duka Sunda anu kamalayon, duka Malayu 
anu kasundan..
  anu hartosna "cepat" (dina bhs. Indonesia), 
  dina basa Sunda aya ; enggal, gancang sareng buru-buru.
   
  Kirang emut dimana-manana, asa-asa di Bogor, margi kantos nguping ;
  "buruan atuh leumpang teh ....!!", saur hiji ibu pa putrana anu kendor 
mapahna.
   
  ssw
   
  Emod Morales [EMAIL PROTECTED]
      Tah geuning saur kang Kumi....manawi teh kecap
"buruan" kapangaruhan ku basa Indonesia

Upami ningal kana kecap "gancang" + an = gancangan,
sami panginten.
Tapi upami kecap "buru" + an = buruan = buru-buru, sim
kuring nembe ngadangu.

Kinten-kinten diwewengkon mana Pih ?

Da gening hartosna meni tebih, sapertos "baong" di
Bandung sareng "baong" di Cianjur benten hartosna.

Emod


  .
 



  http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
  

         

 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

Reply via email to