Nyambung ayi Bohay, anu kapendak ku aki, kecap anu sami mah "hampir" hartosna 
caket pisan, mung sanes kanggo tempat, dina kecap "pengganti yang hampir" 
maksadna sarupi fungsina. Oge aya kecap "bantut" sapertos dina kecap 
'terbantut' maksadna teu mulus hasilna margi aya hal anu janten panghalang. 
Kalih ti eta aya oge kecap anu sami pisan dina sagalana, di negeri Kelantan aya 
kecap "upih"+wajit, eta teh sami sareng di daerah Pasundan. Upih teh palapah 
jambe anu tos rag-rag tina tangkalna. Sok dipesek dicandak kulit lebetna anu 
lemesna. Biasana diangge bungkus wajit.
  Mungkin buktos-buktos sapertos kitu teh tandaning urang sarumpun?
  aki tams.
   
  Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Sumuhun kang, selesa = santay. panginten ampir sami oge sareng basa 
sunda anu hartosna salse.
malih mah, cumi2 teh disebatna oge "sotong", pami teu lepat mah dina basa sunda 
oge disebat "sotong" kan? eh, duka ketang... nyanyahoanan ieu mah. hehehhe... 

-Bohay-

  On 21/03/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
  Salian kecap-kecap anu benten, katingalina aya kecap-kacap anu ampir sami 
antwis basa Malaysia sareng basa sunda the, nya? Salian ti kecap-kecap sekejap 
– sakedap, sukan (bermain olah raga) sareng sukan-sukan (ulin senang-senang) 
anu ampir sami ucapannana sareng hartosna, nembe kaemut aya kecap salesa 
(santai) dina bahasa Malaysia anu ampir sami sorana & hartosna sareng kecap 
salse dina basa sunda. Upami leukeun di pilarian mah, jigana langkung seueur 
kapendak kecap-kecap anu ampir sami sora sareng hartosna. 
   
  Pun Asep




  










>>>>>>>>>>>>>>>>>>>diteukteuk<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<< 


  
 



  

         


 
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go 
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.

Kirim email ke