Inna lillahi wainna ilaihi rojiun.
  Ka Kang Budhi sim kuring sarimbit ngiring belasungkawa, mugi Pak Sueb ditampi 
iman islamna, dilegakeun jeung dicaangkeun alam kuburna. Ka kulawargi nu 
dikantun mugi dipasihan kaikhlasan. Amin.
  
Salam
  tirta sarimbit

Hari Wibowo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Wa'alaikum salam wr wb
  Atas nami pribadi sareng kaluarga, ngiring bela sungkawa 
  Mugi mitoha kang Budhi Bapak H. Sueb Z. Arifin, SH.
  Ditampi iman islamna & dihapus sagala dosa-dosana. AMIN
  Ka kaluarga kang Budhi nu dikantunkeun, mugi dipasihkeun katabahan & ka 
ikhlasan. AMIN
   
  Wassalam
  bowie
   
  -----Original Message-----
From: Endang Tatan [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
 Subject: Wartos Dukacita..
   
  Assalamu'alaikum wrwb
  Nembe nampi email ti kang Hendri Epson, saurna Mertuana kang Budhi urang
  Kopo anu ayeuna nuju di jepun parantos mulih ka Rakhmatullah, wasta
  Mertua kang Budhi Pa Sueb..
  Mugia anjeuna di tampi Iman Islamna, dihapunten tisa sagala rupi
  kalepatanana, oge kulawargi anu di kantun dipasihan kakiatan ..
   
  Baktos tatan 
   
  -----Original Message-----
  From: Hendri Mulyana [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
  Subject: FW: nyuhunkeun dihapunten
   
  Cing pang wawarkeun ka milis urang sunda jeung ka milis FH, Pa Sueb,
  mertuana Kang Budhi ti Gifu jeung dosen antropologi hukum, tos
  ngantunkeun.
   
  -----Original Message-----
  From: [EMAIL PROTECTED] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf
  Of Budhi Setiawan
  Subject: nyuhunkeun dihapunten
   
  Assalamu'alaikum wr wb
   
  Kumaha damang kang ? mudah-mudahan sehat salamina ...
   
  Bade ngawartoskeun wirehna mertua, Bapak H. Sueb Z. Arifin, SH.
  parantos ngantunkeun tadi enjing tabuh 7.50 WIB sareng parantos
  dikurebkeun tabuh 15.00 di Gombong, Ciawi Tasik. Panginten akang kantos
  kaajar nya ? kumargi kitu, atas nami kulawargi, nyuhunkeun dihapunten
  tina samudaya kalepatan almarhum, tangtos salami eta seueur kalepatan ka
  mahasiswa-na. Upami akang ngiringan millist alumni hukum Unpad, punten
  pangbewarakeun, sareng nyuhunkeun dihapunten.
   
  Hatur nuhun sateuacanna.
   
  salam,
  --
  budhi at urangsunda dot net
   

      
---------------------------------
  **   

  

         




Makarya Mawa Raharja

 
---------------------------------
TV dinner still cooling?
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.

Reply via email to