enya bah, gorengna bangsa urang mah lamun aya barang anyar ti luar nya
diteureuy buled-buled. nu heubeul geus we ditingalkeun. waktu urang
"dijajah" india. nu dipake basa sangskrit atawa palawa. nu saencanna teuing
kamana/atawa memang teu bogaeun kitu?. asup mataram. nu dipake cacarakan.
sangskrit/palawa duka kamana. walanda datang.. huruf laten asup. nu lila
ngereles nepi ka ayeuna. ayeuna sakitu lilana walanda ngajajah basa walanda
teu napel pageuh. teu siga india singapura jeung malaya nu dijajah inggris.
sesa basa inggrisna angger napel... malah cenah hal nu kieu teh geus aya nu
"mempelajari" asup kana pascakolonial cenah.

heuheu teteorian we ieu mah!

dh

On 3/22/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Tambahan, Nagara di Asia Tenggara ge aya nu teu make huruf latin,
nyaeta Thailand. Bentuk hurufna rada jariga huruf Jawa. Thailand hiji-
hijina nagara di Asia Tenggara anu teu kantos dijajah, jadi budaya
aslina sigana leuwih langgeng tinimbang nagara-nagara tatanggana nu
gede pisan kapangaruhan tiluar. Cina, Korea jeung Jepang oge teu
kantos dijajah, nu matak hurufna tetep langgeng,teu robah jadi huruf
latin.

Ari di urang mah, khususna di Tatar Sunda, panagaruh tiluar teh gede
pisan. Mataram kungsi ngawasa Priangan, asup "basa Jawa" jeung hurufna
(Hanacaraka...). Islam asup, ganti kana huruf Arab. Walanda Asup
diganti deui kana huruf latin. Huruf Sunda asli mah kakara kaguar
ayeuna-ayeuna .....

Baktos,
WALUYA

--- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "totong
usman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun urang ningali huruf jepang, china, korea bakal leuwih lieur
sabab
> manehna kudu ngapalkeun lambing nu jumlahna leuwih ti 20.000 huruf
> unggal taun nambahan eta huruf the ku sabab aya kalimah sejen, kuring
> pernah panggih jeung urang china asli, ceuk kuring pangnuliskeun
ngaran
> kuring jeung tempat tanggal lahir ku huruf china manehna kalah
> ngaheuleung teu biasaeun, ari pek the tiap kata aya hurufna
> masing-masing.
>
> Lamun ditalungtik leuwih lieur maca jeung nulis huruf jepang, china,
> korea...................................

 __._,_._
,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke