Baheula, waktu aya acara HBH di Cimalati Sukabumi 4
taun katukang, sumanget anu ngagedur di para KUSneter
teh nyaeta, sumanget ngumpul babarengan. Teh Ipeut
jeung kang Tito ti Surabaya, hususon ngahaja ngajugjug
ka Cimalati Sukabumi, ku ayana sumanget hayang kumpul
tea. Harita mah teu kapikir, make kudu nyumbang
sagala, supaya aya rasa "uing miboga". Jadi faktor
nyumbang supaya "uing miboga" heunteu pati penting
pisan.

Kuring oge ngarasa, di awit HBH Cimalati Sukabumi,
ngarasa deukuet jeung urang KUSnet sejenna. Malahan
mah HBH saterusna, kuring "maksakeun" maneh, mamawa
barudak jeung indungna. Alhamdulillah, barudak ngarasa
"enjoy", sok sanajan teu aya batur sapantar. Hiji cara
"nyosialisasikeun" kasundaan ka barudak.


baktos,

mrachmatrawyani

--- kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Ngiluan sumbang saran ah...,
> usulan ti jang Ndud pikeun HBH nu bakal datang ku
> cara nyebarkeun
> angket pikeun meungkeut baraya ngarah miboga rasa
> kana HBH alus pisan.
> usulan ti sim abdi engke dina angket cantumkeun
> (tuliskeun) gede
> leutikna sumbangan pikeun HBH timimiti nilai anu
> pang leutikna nempi
> ka nilai anu teu ka itung contona ; timimiti
> Rp.5.000 nepi ka Rp.
> 25.000 (leuwih tidieu hade pisan). tah hasil tina
> sumbangan eta
> asupkeun kana kencleng YP pikeun digunakeun keur
> ngabantu dulur-dulur
> urang anu mikabutuh boh mangrupa buku-buku keur
> PASAKA YP anu di
> daerah atawa nu liana.
> samalah mah lamun kasuluyuan jeung waktuna nyukupan
> mah HBH nu bakal
> datang teh ngusulkeun hayang bari bakti sosial
> (baksos) ka masyarakat
> langsung misalna ; bari ngabagikeun paket sembako
> pikeun kulawarga pra
> sejahtera atawa nu laina, ngan pastina perlu tanaga
> (SDM) anu nyukupan
> alias loba tea tah didieu kira-kirana siap
> moal...hehehehe.
> 
> cag..ah, nuhun.
> 
> "kkbm'69"
> -geustilukalingiluanhabeha....
> 
> 
>


 
____________________________________________________________________________________
TV dinner still cooling? 
Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
http://tv.yahoo.com/

Kirim email ke