Euleuh...euleueuh....

geuningan meni rame kieu?
aya naon ieu teh?

Teh Elly, geus kawin acan?
he..he...he...
Mun acan jig geura kawin, mun enggeus, coba ubah suasana geura, ameh si Aa
na jadi bergairah deui.
Kemesraan balik deui.
Atuh da meni uring-uringan, siga anu kurang di taeun...
he..he..he..


KEMBALI KE LEPTOP !!!
Teh Elly... kuring muji kana kawani si teteh. Wanian euy, nyanghareupan para
inohong lembur KusNet.
Bravo !!!
Ngan hanjakal, bet nyumput, teu wani nembrakkeun identitas diri.

Kapanan geus sawajarna ngaran-ngaran masamoan di karamean, urang teh kudu
pancakaki heula.
Si teteh teh saha, urang mana, jsb.

Ulah ieu mah ujug-ujug ojol-ojol,  beledag....  sianu kitu sianu kieu.
Anu tungtungna mah tamiang meulit kabitis.
Si teteh di"ban" ti milis (geus can?)
bari di"omelin".
Cape deeeehhh...

Ngeunaan hayang nepikeun pamanggih,
Mangga teh teuing, baeu teh teuing, ditampi ku astakalih.
Da di KusNet oge teu kurang-kurang jalma anu resep Kritis jeung Vokal.

Ngan nya kitu, sagala rupa oge  urang teh kudu  nete taraje nincak hambalan,
urang getas harupateun.
Bisi kaduhung ahirna.

ulah KATROOOOO...... NDESO....
TAK SOBEK-SOBEK  MULUTMU !!!






On 3/26/07, Satria Pinandita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Duka tuh kang abdi oge teu ngartos........
sapertosna mah Leres prustasi....... da abdi oge kitu....
rengse maos seratna ujug ujug riet sarung prustasi oge.....
hoyong enggal - enggal neda baso margana nu saenggeng bola volly tea...



----- Original Message -----
*From:* yudi_irmawan <[EMAIL PROTECTED]>
*To:* urangsunda@yahoogroups.com
*Sent:* Monday, March 26, 2007 3:56 PM
*Subject:* [Urang Sunda] Re: Mending diajar basa Inggris tibatan diajar
basa sunda

 Ieu kunaon Kang Ely teh? Prustasi kitu? hahaha...

Ngaguar2 masalah jeung pabaliutna kaayaan urang mah tos seueur pisan
nu tiasa, leuwih rapih jeung sopan deuih. Salangkah ka hareup atuh
Kang, pedar kumaha jalan kaluarna ceuk Akang, bae najan teoritis oge.
Samemeh nitah batur nu mikir, sok prung Akang kokojoan mikir heula.

Mun teu kitu, keur naon diwaro. Komo mun make bungbu subat-sabit
masalah pribadi, teu etis tur ngamatakkeun batur arambek. Pan beak
waktu teu puguh jadina, atawa ngahaja? haha

baktos
yudi

--- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, ely
evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna,
>
> Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari
jeung teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh kuli
nepi ka wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-bumen
didaerah bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, kucel,
kumel daerah Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge teu hilap
akang anu nuju sakola adminsitrasi diluar negri anu engkena janten MBA
(Master Bari Andekak), atuh ka nonoman sunda nu karasep anu gareulis,
anu mahasiswa anu mahasiswi, anu ngalanggur mang taun-taun anu resep
mukaan www.lalatX.com, nya kitu oge anu pentingnamah ka kang Sidik anu
obsesina palay janten pejabat, duh cape yeuh ditataan hiji-hijimah,
kasadayana we urang Sunda nu pangangguran lebet ieu milist. Pribados
bade ngadongeng, kieu dongengna.
>
> Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting,
sabab jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling
gampang, kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa
Inggris supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua saeunggeus
basa Indonesia.
>
> Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama
otomatis matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi
sabangsana, artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel
dina letah. Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak
usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel
kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda
dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus
disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu
dominan. Nu pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti ngomong
sunda jeung baturna.
>
> Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan modern
bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu jadi babu
di mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, bayangkeun ku
bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, tina ngababu di
orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak sabulan, atawa di
orang cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, waktu ngababu di
Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 1000/bulan kira-kira
9 juta perak sabulan.
>
> Loba contona pentingna basa inggris teh.
>
> Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama di
Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna
kapaksa kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh.
>
> Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar
rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun
(pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and
Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi basa
Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna di
hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa inggrisna
norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi orang
Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh anjeuna
nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu norolang, eh tidinya der
limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa Sunda,
malah der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi oge Urang
Sukabumi Asli (USA), matak kayungyun bule ngabodor make basa sunda,
kutan teh manehna tahunan di Sukabumi (janten peneliti geologi, deur
meunangkeun urang sukabumi, putra-putrana oge basa sundana teu
goreng-goreng teuing, nu hebatnamah perpaduan
> USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh
matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna
ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada jorang,
>
> Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu
janten da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA,
mangga we search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna
dugi ka Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna sukses
"menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini.
>
> Balik deui kana basa Inggris.
>
> Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang
muka diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung
di UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun
ngelmuna ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya
wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas
Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun nonoman
beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna nya
masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun
pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi nya balik deui jadi
ngored ata ngebon cara tradisional tea. Atuh pejabatna paling luhur
jiga kang Sidik anu kurung batok, anu teu bisa mencar (basa budak
ayeunama Creative and Inovative), anu teu leuwih ti jadi pejabat jaman
samemehna nyaeta jelema loba kasieun, saurna oge ka atasan teh kumaha
bapa we anu pentingmah abdi tiasa emam, naek pangkat terus jeung teu
dipecat, tujuana engke meunang pensiun
> di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah).
>
> Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di
Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning
titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun dibayar
UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu atawa
surfing lalatX.com.
>
> Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang
ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut saderek
Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan jelema
beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang Sidik eh
punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu ngorehan
timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk pajak .
Omat kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh duit upeti
ti Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran masyarakatna ayeuna
masih leuwih barodona ti urang sunda, jadi can berkutik diperes ku
pemerintah pusat teh. karunya lah.
>
> Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman jsb.
Sakola teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang hak
anu sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua keur
ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna keur
masayrakatna.
>
> Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ?
>
> Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, lain
lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu dibangun kalah
ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis mecenghul lamun
setiap masyarakatna digawe. Ieu geura contona di garut aya
Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? ITB wae anu
kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 250 dinya ukuran
dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we berdirimah da
enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para lulusan PT anu rada
OK, anu harayang jaragi guru di paguron luhur, keun we di paguron asal
jadi oge. Atuh ayeunamah urang mikir kahareupna ieu alumnina rek
dikumahakeun, elmuna ngan sakitu-kituna, ngan sadiberena di pagurona,
bari teu maca sumber aslina dan teu becus basa inggris tea. Naha ieu
lulusan dititah ngarangon meri wae kitu atawa jaradi anggauta DPRD
atawa jaradi pagawe pemda.
>
> Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu
mikir ..........
>
> Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga
USNET anu pangangguran tea.
>
> wass
> Elly Evalita.
>
>
>
>
__________________________________________________________
> Never miss an email again!
> Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives.
> http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/
>

Kirim email ke