Haturan baraya sadaya,

Hapunteun nembe tiasa ngawaler ayeuna kumargi kutak-ketok eh
kutak-ketik na komputer nage langki.

Haturnuhun kang dul pami di percanten janten nu nyayogikeun katuangan
kangge HBH, Simkuring bingah pisan. Tangtos di usahakeun supados
kaangge ku sadayana.

ti kang dul :

>Sae Kang Agam..
>Tah, bilih ke panitia HBH peryogi Katering,
>teu kedah tebih-tebih. mangga tawisan sareng
>nawisan..

-dul-

Haturan kang dudi,

Muhun kumaha nedunana upami kang dudi nu aya Sudan mesen ketring ka
simkuring? Ah kieu we atuh kang, upami kadieu tangtos simkuring tiasa
nyayogikeun. Rek di tambil ku peuteuy mangga, jengkol sok, urab lenca
hade, (hehehe sugan langkung kabita, hoyong mulang weh...)

Saurna di Sudan teh seuseurna peryogi acuk?! upami kang dudi kersa mah
sok di sayogian lah

Baktos,

Agam Rukmana
http://sugemarasa.blogspot.com
 
ti kang Dudi :

> Kang Agam,
>   Upami ningali tina menuna sareng pangaosna sigana budget
parusahaan kangge 3 kali neda wae  ( enjing, siang sareng sonten)
tiasa lebet. Sanaos nyandak menu anu pangawisna oge.Malih seueur keneh
langkungna
>   Terus terang wae  sim kuring mah ku macana menu katering na oge
mani matak uruy.
>    
>   Sim kuring mah yakin ,  70-80 urang anak buah sim kuring moal
nolak upami dipasihan menu catering kang Agam mah . Malah bakal narambih.
>   Namung hanjakalna teh  sigana ongkos kanggo ngirimna ageung
teuing. Sareng menu kangge neda siang ayeuna , nembe tiasa kateda 2
dinten deui.
>    
>   Sim kuring mah ayeuna di dieu, keur neda ayeuna teh istuning kudu
diwewel wewel  saking ku barosen jeung teu aya selerana.Barosen sareng
teu pas we masakanna teh kana letah sim kuring na.
>   Kabita na mah kabita kang Gam. Namung nyaeta tebih tea , akang 
pasti hese kumaha ngintunna.
>   Tapi upami  tiasa mah , sok wae ku sim kuring urang tawiskeun ka
anak buah menu na. 
>   Wantun teu akang ngintun kangge neda siang sim kuring sadaya ka
Sudan?.
>   Tuh pan , moal tiasa.
>   Tapi  leres pisan mani kabita pisan sim kuring mah, matak uruy kang.
>   Komo ayeuna tos waktosna neda siang.
>   Lah kumaha atuhnya?. 
>    
>    
>   Nuhun kang
>    
>   Wassalam
>     
> 
> Agam Rukmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Wilujeung Wayah Kieu,
> 
> Haturan baraya sadaya. Bilih aya anu peryogi ku Katering kange tuang
> siang sadidinteun, nasi kotak atanapi Tumpeng tiasa ngahubungi
> simkuring/pu bojo. Mangga ninggal ditel na di:
> 
> http://sugemarasa.blogspot.com
> 
> Insya Alloh Pedo lah.
> 
> Baktos pribados,
> 
> Agam Rukmana
> HP. 0813 8526 8871
> Sugemarasa catering Service
> Jl.H.Aom Gandaria I No.45 Kebayoran Baru
> Jakarta Selatan
> 
> 
> 
>          
> 
>  
> ---------------------------------
> TV dinner still cooling?
> Check out "Tonight's Picks" on Yahoo! TV.
>


Kirim email ke