Sapagodos Kang Tirta. Kuring oge "tukang adu regeng" boh di Kusnet 
atawa di millis sejen nu make basa Indonesia. Tapi nyaeta hiji 
pantangan keur kuring, ngajejeleh pribadi nu jadi lawan 
padungdengan. Kahijina mah teu etis, kaduana mah heueuh da sabenerna 
mah teu apal saha-sahana. Dijejeleh oge kateuteu-ari. ELY EVALITA 
ceuk kuring geus kabina-bina teuing. Lamun diantep, teu dimoderasi 
(can tantu ditalapung, kumaha para kuncen eta mah), manehna bakal 
ngacapruks kamana-mana. Geus kacontoan waktu manehna posting ditaun 
kamari. Akhirna jadi silih poyok sacara pribadi. Ari ELY EVALITA 
paling ge cecengiran, da sarerea ge teu nyaho manehna teh saha. Ngan 
orakaya ari nu sejen mah, kasang-tukangna jelas, teu disumput-
salindungkeun.

Ngamoderasi, sanes teu demokratis, tapi eta gunana moderator di 
Millis. Lamun anggotana ngacapruks geus teu etis, nya wajib ditegor 
atawa ditalapung sakalian. Demokrasi sanes hartina sagalana tiasa, 
kumaha aing. Egaliter, lain hartosna kudu ninggalkeun sagala sopan-
santun. Sadayana kawengku ku etiket nu dianut ku masing-masing 
komunitas.

Komo lamun rek madungdengkeun hiji hal nu rada serieus, rek aya 
padungdengan nu "sehat" kumaha, ari bari ngajejeleh mah? Hasilna 
lain nambahan kanyaho, nu aya malahan nambahan kaambek.

Baktos,

WALUYA
 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Sampurasun, wilujeng enjing (Indonesia kulon):
>   Apih oge baraya sadayana sakumaha ku urang sadaya tos uninga, 
salah sahiji ciri grup milis nu "muka" kana kaanggotaanana  sok aya 
wae anggota  nu "mahiwal" boh dina eusi, cara, eusi jeung carana 
nepikeun ide/pasualan nu umumna teu pasti naon motivasi aslina. 
Nyanghareupan hal kitu, koncina mah aya di kuncen, nu kedah pageuh 
nanjeurkeun paraturan supaya eusi surelek luyu jeung visi/misi grup 
milis. Mun aya nu mengpar kedah enggal-enggal di "prit", pami 
diantep sok ngaleor teu pararuguh, meakeun energi, rame pahibut bari 
teu puguh naon hasil alusna. Tina kasus Ely nya panginten 
konsekuensina rag rag ka kuncen-kuncen nu kedah langkung 
aktif "ngaronda". Tangtos ieu teh panginten jadi salah sahiji 
tantangan   kuncen-kuncen di kusnet nu pastina pakepuk ku pagawean 
masing-masing.
>    
>   Punten ieu mah sanes ide sim kuring, mung hasil mulung ti 
pangalaman milis grup sanes. 
>    
>   Salam
>   tirta
> 


Reply via email to