Emh... deudeuh teuing si teteh.

Geus ditundung ti lembur,
bari di geuhgeuy keun, di heureuy keun.
Jadi bahan gogonjakan.

Keun we teh, sing sabar, da bongan si teteh atuh.
Naha bet kikituan.

Nyaho urang sunda mah pundungan, belikan, jeung gampang kasigeung.
Hayoh  ngadon.....


#################################################
____________________________________________
WADAU !!!

Ua.........!!! tarumpah na milu ngabelewer yeuh ka dieu .. !!!
________________________________________________

Puuuuuuuuung........!!!!
naha rag-ragna kalahka kana lahunan sim abdi beu...., alungkeun deui
ah....belewer....hehehe...

"kkbm'69"
_______________________________________________
talapung wae?

asyik euy, geus lila teu nalapung jelema.
--------------

mengingat jeung saterusna....
menimbang jeung saterusna....
memperhatikan jeung saterusna...

memutuskan,
nalapung e-mail Ely Evalita.

diputuskeun di bandung ku si kuring,
kuncen #3

mj

On 3/27/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Baraya, lain kuring mapanjang masalah, ngan kulantaran aya pro jeung
kontra soal "ELY EVALITA". aya anggapan tulisan ELY EVALITA
teh "bermutu tinggi". Tapi naha leres kitu? Mangga geura baca
tulisananan soal Mohamad Joban, nu ceuk manehna URANG SUNDA ASLI.

============
"Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar
rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun
(pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and
Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi basa
Sundana teu leungit."
===============

Manehna teu nyaho, di Kusnet soal Muhammad Joban teh kungsi
dipadungdengkeun (2003). Aya serat ti Kang Adnan, padamel Telkom, nu
aslina ti Purwakarta yen Muhamad Awod Joban ten babaturananan keur
leutik. Saluyu jeung aranna Muhammad Awod Joban teh lain urang
Sunda, tapi WNI katurunan Arab!. Tah seratna:

======================
From: "Adnan" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [UrangSunda] Muhammad Awod Joban
Nimbrung ngeunaan Awod Joban
sim kuring nembe terang ayeuna tina millist ieu aya Da'i di Amerika
asalna ti Purwakarta (sanajan lain sunda asli) nu jenenganana
Muhamad Awod Joban, umurna 51 tahun saumur jeung sim kuring.
Enya baheula waktu simkuring keur budak keneh di Purwakarta aya
urang arabngarana si Awod Joban, manehna tinggal di Pasar Rebo
tempat dimana urang arab ngababakan jadi bener Muhamad awod Joban
teh lain urang sunda asli tapi urang arab asli nu mun teu salah
lahir di Purwakarta
======================

Bohong pan? naha bener manehna teh kungsi papanggih jeung Muhammad
Awod Joban tepi ka ngobrol sagala. Lamun enya oge papanggih, teu
bisa kitu manehna ngabedakeun mana urang Sunda asli jeung urang Arab?

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke