Muhun kang maksud kuring ge kadinya, ngan ayeuna kumaha carana sangkan urang 
kalimantan bisa tuang surabi Imut, nya kedah dikemas tea kitu. Panginten kedah 
nganggo bahan pangawet (asal ulah borax atanapi formalin), diolah ku alat alat 
modern, langkung higienis, dibungkus plastik vakum, lajeng dikirim ka 
kalimantan, komo deui mun bisa diexpor ka mancanagara, tambih lumayan nambah 
nambah sumber devisa. Mun enya teh aya nukieu,  kaci teu disebat katuangan khas 
sunda..... ceuk kuring mah boleh boleh sajah.
   
  Kang Santosa

"Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Apan atos aya... Surabi Imut.... di Gerlong tea...... 
  sayogi macem - macem rasa.... dugi ka rerencangan abdi urang Kalimantan oge 
pas ka Bandung nyuhungkeun dijajap kadinya
  Upami pirajeunan meser kadinya kedah kersa antri.
   
  -eddy-
    -----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of trias 
santosa
Sent: Thursday, March 29, 2007 5:05 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....


      Kuring terus terang, katuangan sunda nu asli jeung nu dimodernisasi, raos 
keneh nu dimodernisasi. Contona bajigur, aslina teu disusuan, cobian geura 
bajigur disusuan, langkung raos, pelem. Kuring yakin mun hayang katuangan sunda 
payu di masarakat, ulah keukeuh hayang nyieun nu asli, tapi kudu modernisasi 
sangkan bisa bersaing jeung inuman soda. Surabi mun disusuan oge raos, tambihan 
rasa buah buahan asli (lain essence), surabi rasa nangka, surabi coklat, surabi 
pandan jrrd. Salian ri rasa, tuangeun hoyong bergengsi? bungkus oge kedah 
diperhatoskeun, ulah ku bungkus koran, dikemas sing sae. Mudah mudahan tiasa 
ningkatkeun citra katuangan Sunda.
   
  Kang Santosa
   
      

Temmy Subrata <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      punten ah ka sadayana......   

  bade naroskeun yeuh tempat-tempat nu masih keneh icalan tuangeun khas 
sunda....
  pami tiasa mah nu asli keneh, nu teu acan di-modernisasi-keun, sapertos 
surabi enhaii....
  insya allah bade ngadamel pilem dokumenter nu bade ngangkat sadayana tuangeun 
khas sunda.....
  

  latar belakangna mah pedah ayeuna rada hariwang, barudak teh langkung terang 
burger tibatan awug...
  langkung terang minuman soda tibatan bajigur ( padahal minuman soda teh tiasa 
ngakibatkeun osteoporosis sanes ???? )....
  tah upami dipasihan kasempetan ngalaksanakeun niatan ieu, sugan we minimal 
pilem2 ieu teh tiasa
  jadi dokumentasi jang anak incu abdi engke (amiiieeennnnnnnn.......tapi jeung 
saha ieu teh ??? ) yen sunda teh
  gaduh sababaraha hiji tuangeun khas nu langkung raos sareng sehat tibatan 
tuangeun fast food....da gening,
  sigana ayeuna teh makin jarang wae nu icalan tuangeun sunda teh...sanes kitu 
????
  

  tah upami usul mah, engke pami aya kagiatan HBH teh, atos we sadaya katuangan 
nu disayagikeun teh
  katuangan khas sunda ???? atanapi emang biasana khas sunda ??? punten ah da 
bdi mah anyar....
  

  salam...
  

      Temmy Subrata
  [EMAIL PROTECTED]
  http://web.mac.com/cucuklauk/
  mobile. 081511384045
  





  



    
---------------------------------
  Looking for earth-friendly autos? 
Browse Top Cars by "Green Rating" at Yahoo! Autos' Green Center.   

  IMPORTANT NOTICE: 

  The information in this email (and any attachments) is confidential. 
  If you are not the intended recipient, you must not use or disseminate the 
information.
  If you have received this email in error, please immediately notify me by 
"Reply" command 
  and permanently delete the original and any copies or printouts thereof. 
  Although this email and any attachments are believed to be free of any virus 
or 
  other defect that might affect any computer system into which it is received 
and opened, 
  it is the responsibility of the recipient to ensure that it is virus free and 
no responsibility 
  is accepted by American International Group, Inc. or its subsidiaries or 
affiliates either 
  jointly or severally, for any loss or damage arising in any way from its use.
  

         

 
---------------------------------
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.

Kirim email ke