Kamari, 29 Maret 2007, aya acara workshop perencanaan jeung penganggaran di 
Sheraton, Surabaya. Nu boga hajat LGSP-local government support program nu 
didukung ku USAID. Tepang jeung Kang Engkus Ruswana (konsultan LGSP), oge US 
lainna : konsultan lingkungan LGSP,  padamel Bappenas 2-an, oge aya dosen (Kang 
Dede Mariana), sareng PNS ti Bappeda Sukabumi. Ngariung sameja, jadi 
ngobrolkeun Sunda jeung kasundaan. Ngabandungan Kang Engkus, nyaritakeun kumaha 
hebatna Tatar Sunda, tempat manusa pertama (Adam) diturunkeun, tempat nu 
pangendahna sadunya, nu digambarkeun jiga sawarga. Tempat asal mula peradaban. 
  Tina obrolan ngaler ngidul, nu ngariung jadi sepakat, kumaha mun Kang Engkus, 
nyalon jadi Gubernur Jawa Barat 2008? Ah, can mangsana cenah. Ceuk kuring, teu 
kudu nungguan mangsana, ayeuna wae 2008, hahaha....pan geus huisan, geus pantes.
  Peutingna ngariung deui jeung urang Makassar, cenah urang Makassar mah satuju 
keneh US nu jadi Presiden, hahaha....ti baheula geus aya hubungan batin antara 
Makassar jeung US mah. Soalna manehna oge teu yakin lamun JK nyalon bakal 
meunang.
  Oge aya heureuy rek ngabentuk GSM (gerakan sunda merdeka) nya ieu mah gerakan 
wae, sugan jiga anggota GAM, geus MoU di Helsinki jadi meunang duit Rp. 3 juta 
perak saurang sabulan salila 6 bulan, oge meunang tanah, hehehe.....
  Tos ah ngacapruk wae, bade beberes heula rek balik deui ka Bandung.
   
  Baktos,
  -ika-
   

 
---------------------------------
Don't pick lemons.
See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke