Judul e-mail teh ngahaja niron tina acara TV tadi peuting. Cenah mah
nepikeun ka ayeuna urut gegedenna BULOG mah ampir kabeh asup penjara,
aya-aya we kasus na teh ngan kabeh kasus teh pasti nyambungna kana urusan
penggelapan (teuing naon basa sundana)

Juragan BULOG anu terakhir keur dipariksa keuna ku panyakit sapi siluman,
sapi nu teu mangrupa tea. Pas keur ditalungtik na atuh gorehel teh BPK
manggihan aya proyek ngayakeun RMP (Rice Milling Plan) atawa heleran ceuk
urang kampung kuring baheula mah anu angka mark up na bisa nepi ka Rp.
1.4T. Duit sakitu lobana teh lamun dipake jang kamaslahatan masarakat
mah tada
teuing meureun karasa mangpaatna. Cenah pas dipaluruh ku urang TV eta alamat
vendor nu ngayakeun eta heleran, geuning siluman oge ... da euweuh kantorna
teh. Nyata katingali loba unsur-unsur penipuan.

Matak pantes lamun dina laporanmah sigana pamohalan urang kakurangan beas
teh, tapi bukti di pasar harga beas naek nepi ka nyekek beuheung da geuning
anu ngurusna tukang tipu hungkul. Lamun geus kieu mah kajeun teuing kumaha
pinterna jalma nu ngurus atawa nu ngilu mikiran solusi masalah sembako,
angger we masalahna moal tuntas. Rame di padungdengkeun dina seminar atawa
di ruang sidang tapi nu korupsi jeung nipu jalan terus.

Kumaha atuh ieu teh gusti ... Ampun aing mah.

Reply via email to