upami sate hadorimah leres aya di stasion bandung, anu sajejer sareng oleh2 
bandung anu rupi2, gogorengan atanpi dodol.


----- Original Message ----
From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, April 2, 2007 2:27:12 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....

Serieus Kang Yuli, yeuh abdi tos lami "ngageugeuh" Jl. Purnawarman, da teu aya 
sate Hudori di dinya mah. Nembe naroskeun ka rerencangan, muhun kantos aya 
saurna kapungkur payuneun BEC ayeunamah Ganesha Operation tapi tos lami 
ngalih...duka ka mana da teu ngawartosan. ..heheh. Di pengkereun Soes Merdeka 
mah aya ge sate Karjan. Aya nu caket pisan ka kantor, tukang sate Padang di 
parapatan, unggal dinten ge kalangkungan meuni seungit melenghir ... hanjakal 
sok paketrox wae sareng jam mulang, janten sok gusat-gesut muru beus kota bilih 
ngantunkeun. ..eh, kakantun.
 
Baraya, bilih kaleresan nuju di Bandung bade jarajan sagala katuangan boh 
katuangan Sunda & nu sanesna nu aya di Bandung, tapi teu apal jalanna...mangga, 
nyanggakeun kenging kintunan ti rerencangan. ..tapi omat kedah mayar kunyalira 
nyaaa....heheh.
 
ro2
 
>>> [EMAIL PROTECTED] sunda.or. id 04/02/07 02:03PM >>>

di Purnawarman kitu????? belah mana purnawarmanna? da asa teu aya tukang sate 
didinya mah.
amun sate Hadori di Purnawarman, ari anu di Station sate naon atuh???
aduh, kadang nami teh osok pabeulit. heuheuheu...

-Bohay-


On 02/04/07, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
sate Hudori di purnawarman atuh...taeuna rada herang.


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke