Tah ayeuna geus dirobah jadwalna.
Awas siah lamun aya keneh anu loba alesan teu miluan !!!

(bari tipopolotot....)
he..he..he..


On 4/2/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Baraya Kusnet di mana waé ayana.
Dibéwarakeun, yén Kopdar Kusnet Jakarta anu satadina
bade diayakeun dina ping 7 April, kumargi seueurna
baraya anu "kaleresan", Insya Allah diundur janten :

Dinten saptu, ping 14 April 2007
Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé.
dibumina Kang Akos Kosasih :
Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara,
Kebon Jeruk, Jakarta Barat.

Agénda acara :
- Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian...
- Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng
Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007

Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang,
sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos
pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah
ngusahakeun (keukeuh).

Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh
tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi konfirmasi.

Anu parantos Konfirmasi, mangga ngintun Konfirmasi deui.
Mugia tiasa ngamaklum.

Hatur nuhun,
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

-Ndoell-
Tukang wawar

Kirim email ke