Tambihan, kangge ngalengkepan pamundut baraya Asep Hadiyana tah ieu hiji deui
jenis aksara sunda anu meh sami sareng aksara Jawa dikirangan Tha sareng Dha.
Mangga ditoong nyalira dina ramatloka:
http://www.geocities.com/gsayoga/jw_kbj4.pdf
Punten kumargi sami sareng aksara jawa, nya sim kuring nangkodkeun
ramatloka-na aksara Jawa. Nya jenis aksara nu ieu pisan nu kaalaman ku sim
kuring mimiti meunang elmu ngeunaan aksara sunda basa kuring di SMP-4 Bandung
taun 76 (manawi aya baraya Kusnet nu saalumni?). Reueus harita mah aksara sunda
teh masih keneh diperkenalkeun ka murid SMP, sanajan ngan 2x pertemuan, da
kadieunakeun, pun anak mah saurang ge teu meunang pelajaran eta.
Sim kuring kataji pisan ku kiprahna Teguh Budi Sayoga, tiasa hasil ngangkat
aksara Jawa, usulan Unicode-na ditarima. Kuring geus nyorosodkeun (download)
fontna, terus nyoba, tampilan aksara bentuk ttf (tru type font) na alus pisan.
Nyorosodkeun Hacaraka font didieu:
http://hanacaraka.fateback.com/disclaimer.htm
Sok atuh iraha giliran aksara sunda.
Kang Santosa.
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres sakumaha anu disanggemkeun ku akang, aya suku
kata (nami dina basa sundana teh engang) serapan ti
basa sanes, sapertos V, F, Z. Kh sareng nu sanesna.
Tah dihandap ieu aya abjad (basa sundana silabis) asli
basa Sunda kuno abad ka-17, nya eta:
1. Ka
2. Ga
3. Nga
4. Ca
5. Ja
6. Nya
7. Ta
8. Da
9. Na
10. Pa
11. Ba
12. Ma
13. Ya
14. Ra
15. La
16. Wa
17. Sa
18. Ha
Conto aksara Sunda kuno abad ka-17 aya attache
dihandap ieu, kenging ti Kang Mumu.
Baktos,
mrachmatrawyani
--- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten, nu dimaksad ku Kang Rachmat teh panginten
> sanes "kecap" tapi "sora". Sabab ari aksara sunda
> mah ngalambangkeun sora sanes ngalambangkeun kecap,
> teu sapertos aksara cina, unggal kecap aya aksarana
> masing masing. Memang sora nu enggal teh ayana
> kulantaran aya kecap kecap nu enggal nu diadopsi ti
> Walanda, Inggris, Arab, jrrd. Sora nu enggal teh nu
> teu aya lambangna dina aksara sunda asli panginten
> sora f, v, q, z, sy (punten pangnambihankeun
> kakiranganana!). Leres kitu eta nu dimaksud kang
> Rachmat?
>
> Kang santosa
>
__________________________________________________________
Be a PS3 game guru.
Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121
---------------------------------
No need to miss a message. Get email on-the-go
with Yahoo! Mail for Mobile. Get started.