Den Ndull, ari pribados tiasa ngiringan daftar teu? Upami tiasa kumaha carana? 
susuganan bae pas dines ka Betawi waktuna....


----- Original Message ----
From: ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, April 5, 2007 2:07:29 PM
Subject: [Urang Sunda] Bewaraaaaaaaa : Kopdar Kusnet 14 April 2007

Assalamu'alaikum Wr. Wb.

Baraya Kusnet di mana waé ayana.
Dibéwarakeun, yén Kopdar Kusnet Jakarta bade ngayakeun
Kopdar Kusnet anu Insya Allah bade diayakeun dina :

Dinten saptu, ping 14 April 2007
Tabuh 3 sonten nepi ka réngsé.
dibumina Kang Akos Kosasih :
Jl. EE No.4 RT.07/RW.01, Sukabumi Utara,
Kebon Jeruk, Jakarta Barat.

Agénda acara :
- Biasa wé, silaturahmi, ngobrol, ngopi & seuseurian.. .
- Ngabadantenkeun sagala rupi hal anu aya pakait sareng
Kukusnétan, utamina ngeunaan Halal Bihalal Kusnét 2007

Kumargi kitu, ka baraya anu salsé, anu hoyong tepang,
sareng anu hoyong diaku (bari rada maksa) mangga, diantos
pisan kasumpinganana, anu teu tiasa hadir, nya wayahna kedah
ngusahakeun (keukeuh).

Jalaran kanggo nyayogikeun sagala rupina, boh tempatna boh
tuangeunana, Anu bade ngiringan, mangga ngacung atanapi konfirmasi.

Anu parantos Konfirmasi, mangga ngintun Konfirmasi deui.
Mugia tiasa ngamaklum.

Hatur nuhun,
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.

-Ndoell-
Tukang wawar

Enbe :
Anu parantos konfirmasi diantawisna :
- Kang Ikmal
- Kang Irpan
- Kang Yayan
- Kang Runa
- Kang Temmy
- Kang Hasbi
- Kang Taufik
- Teh Imas
- Teh Silvi
- Teh Sania
- Teh Lia Indri
- Teh Mia
- Teh Anna
- Teh Lidya

mangga nu sanesna diantos konfirmasina. ..





 
____________________________________________________________________________________
Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

Kirim email ke