Kuring mah teu acan aya pangalaman anu kitu teh kang.
Ngan mun sok disungkeun nyiapkeun bahana, mariksaan, atawa ngahubungi para
siswana anu...lain rada deui ieu mah, militer nyaan, kungsi sababarah kali.
Di dieu Bos kuring ngajar di Dan Sesko. Enya sakolaan calon jenderal. Mat
kuliahna Antropologi BUdaya.
Wah, memang disariplin pisan. Mun mariksaan pagawean maranehna, boh anu
disebut tugas atawa hasil ulangan, enya   beda pisan jeung pagawean barudak
kuring. Katinggali seriusna.
Mun ninggali silabusna, tong heran mun para tangtara teh apal pulitik,
ekonomi, budaya, jrrd. Sabab di sakolaan calon jenderal mah, sigana geus
euweuh MK anu pakuat kait jeung "kekerasan" saperti diajar ngumbah bedil,
atawa anu laina. Malah, leuwih siga mahasiswa S-3 ilmu politik internasional
sigana teh.

ah tapi teuing di kelasna mah. Ngan mun bos ngadongeng, anu pasti tara aya
anu sare sumawona ngobrol lamun keur kuliah teh.

baktos
tantan



On 4/9/07, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  basa mimiti datang ka palembang, ditawaran ngawadul di sakola kadinasan,
di departemen perhubungan utama ASDP - angkutan sungai dan penyebrangan,
poho deui ngaranna sakola, tempatna teh ti sungai gerong ka ditu deui, di
mariana asa mah. mimitina rada hoream, salian ti jauh, harita masih keneh
pakepuk ku mereskeun pagawean di bandung ...

mimiti ka ngajar, ditegor ku kapala-na ... pedah ngajar teh make calana
jeans ... hi hi hi, asa euweuh hubunganna antara ngajar jeung calana jeans
jeung teu bolong siga barudak jaman kiwari. tapi nya da kudu nurut kana
aturan, nuturkeun we ....

kabiasaan teh, blus we asup ka kelas, ieu mah teu meunang kitu. kudu
nungguan di rohangan dosen (gaya euy ... ) terus aya nu datang, ngahormat
siga tangtara, puguh we pungak pinguk jeung hayang seuri ... asa inget jaman
pramuka keur SMP ...

terus leumpang ti heula, bahan ngawadul dipangmawakeun ku nu neang tadi,
alah ... jadi salting ... asa jadi bupati .. ha ha ha

memeh nepi ka kelas, di hareupeun panto keur aya nu nungguan, terus
ngahormat deui ... karek asup ka kelas, muridna nangtung, terus ngahormat
karek diuk ... bahan ngawadul teh disimpen dina meja ku nu neang tadi.

bari ngajar, kabiasaan sok diuk di sisi meja, muridna tingkecewis, ku
kuring ditanya, pek teh teu meunang cenah, untung teu katempoeun ku bapak
kapala deui ... he he he

ngawadul teh ka murid tingkat 1, salila ngajar, katempo loba nu nundutan
... ah teu pati dipalire ieu, meureun tunduheun .. he he he

meunang tilu kali ngawadul, nya dibere PR, hayang nyaho ngarti atawa
heunteu .... waktu dikumpulkeun, aya sababaraha urang nu can beres, nya
ditanya ... sihoreng peutingna cenah tas jaga malem, bari haharewosan. nya
ditanya kumaha kagiatan sapopoena, lalaunan oge, da rohangan sabeulahna teh
murid tingkat 2. sihoreng ceuk maranehna teh, rohangan pang aman na teh, nya
di rohangan kelas ieu, komo mun nu ngawadulna ti luar, bagena cenah, teu
karasa stress ... harrr .... ceuk kuring bari bingung.

geus ah sakitu we ...

--
Budhi Setiawan
@ Infrastructure Design Research Lab., Civil Eng. Dept., Civil Eng. Dept.,
Gifu Univ., Japan.
@ Soil Mechanic Lab., Civil Eng. Dept., Sriwijaya Univ., Indonesia.
budhi at urangsunda dot net



--
tantan hermansah
www.tantanhermansah.co.nr

"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi--

Kirim email ke