Mangga téh badé nganggo basa kasar ogé da moal digégél ku warga Kusnét 
panginten.
   
  Pribados gaduh pangalaman sareng urang Cimanggis Bogor. Pribados gaduh 
kenalan, aki-aki, tilas buruh bangunan anu ngadamel rorompok. Bahasana meni 
kasar sanaos diajak nyarios basa Sunda lemes ogé. Kawitna mah ngajenghok 
pribados téh kumargi asa dicalutakan. Tapi lami-lami janten biasa, komo deui 
anjeunna sok cium tangan (sok diképéhkeun waé ku pribados téh da asa teu 
paruguh raraosann dicium tangan ku anu langkung sepuh). Kadieunakeun anjeunna 
sering dongkap sareng kulawargina ka rorompok, angger basa na mah kasar, kitu 
deui bojona (asli Madura) basana lancar pisan mung kasar. Sanaos kitu, seneng 
waé pribados mah da aya baraya anu ngajak nyarios Sunda.


Naon tah éta air soft gun téh? Kenging henteu nyuhunkeun hiji?


Salamna,


Pun Asep



guli indri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  

 Punteeeennn saderek sarerea....
Nepangkeun abdi neng Indri ti Bogor...hoyong ngiringan icikibung dina milist 
ieu, hapunten we upami basa sunda abdi kirang sae, da di Bogor mah mineng 
ngadangu basa sunda nu kasar,,,
Ayeuna abdi tertarik (basa sunda na naon nya?) kana kasenian sunda, boh eta 
seni tari atanapi lagu jeung sajabana...
Minggu kamari ka Bandung, di sapanjang jalan teh ngadangukeun lagu2 
sunda...bangunna ayeuna mah seeur lagu sunda nu dipadukeun sareng lagu2 sanes, 
sapertos HIP HOP...
Apal teh Jang Ebiet Beat A hungkul...
Lucu panginten nya upami lagu "Talak Tilu" janten lagu Hip Hop...atanapi tos 
aya?
Lagu Sunda nu pang lucu na...
Upami aya nu apal lagu2 sareng penyanyi lagu2 sunda, abdi nyuhunkeun daptarna 
nya?
Bilih aya nu bade ngarekomendasikeun lagu2 sunda nu  enakeun...
Supados abdi teu lepat meser kaset na...
Hatur Nuhun ka sadayana...





Indri Guli
Sparrow Hawk

Our Specialties :
Environment Education,Air Soft Gun War Games,Organizer,Outbound,
Merchandise,Visual-Audio Visual Documentation,Adventure and High Risk Consult.

Jl. Tumenggung Wiradiredja 216, Cimahpar Bogor
Cell  : +62 856 2123985
Phone : +62 251 657002 ext.29
Fax   : +62 251 657171




  
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
 Try the free Yahoo! Mail Beta.
     
                       

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke