ih simkuring mah teu pisan-pisan nyalahkeun seratanna pa edy. can nepi
kadinya. boro-boro atuh kang macaan sajarah sunda ge karak dua taun
katukang. malahan sikuring ge condong kadinya palebah bates-bates karajaan
sunda baheula. kuring masih yakin sabagian daerah karesidenan banyumas
kaereh ka karajaan sunda baheula.

kitu deui teu mumpang simkuring ge yen carita ciungwanara lain carita boga
urang sunda wungkul. jawa oge gaduh carita eta...

dh

On 4/12/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Janten, kanggo kang Dudi sareng kang Trias, sakali deui henteu aya anu
lepat dina tulisan bapa Edi S. Ekajati. Bapa Edi henteu ngabahas lepat
henteuna eusi pantun Sunda atanapi babad Jawa. Anjeunna mung ngungkap
kanyataan yen urang Jawa (anu nganggo basa Sunda oge urang Jawa anu nganggo
basa Jawa) gaduh rekaman informasi ayana Ciung Wanara, Hariang Banga sareng
wahangan Cipamali) dimana cipamali (kali Brebes) dianggap sabage wates
wewengkon Sunda sareng Jawa (jaman kapungkur).



<http://kumincir.blogspot.com>

___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke