Sampurasun, ka sadayana.

Sateuacanna sim kuring bade mundut di hapunten, kumargi parantos rada lami 
janten anggota kusnet teh ( +/- 5 sasih ) namung teu acan nepangkeun ( maklum 
kuli, anu kedah kaditu kadieu ).
Nami sim kuring Pampam ZHM, kawit ti Bungbulang Garut ( asgar ). Ayeuna kukuli 
di  Sampit Kalimantan Tengah tos 6 tahun.
Hatur nuhun ka sadaya anggota kusnet, anu parantos ngamumule warisan karuhun 
urang. Sim kuring ngawitan terang aya kusnet teh waktos nuju dines ka Pangkalan 
Bun, kaleresan aya rerencangan anu maparin terang aya kumpulan urang sunda, 
namina Kang Andy Risdianto.
Ti kawit eta, abdi janten anggota kusnet.
Wilujeng.

Salam baktos,
pampam.zhm



 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke