Namina oge Partai Politik, sadayana memang cari popularitas.
tong waka Golkar, PKS oge loba manuverna kanggo naekeun popularitas. Aya
bencana, datang, nyieun tenda, masang bendera foto2... sabaraha poe langsung
balik deui. kabeh parpol mah sami mawon...
popularitas teh paling penting dina politik mah. matak nepikeun ka aya
istilah "Politikus mah, meunang bohong teu meunang salah" eta hartina emang
ari bohong mah geus jadi kabiasaan jang politikus, tapina amun sakalina
ngalakukeun kesalahan (kapanggih), meskipun euweuh hubunganna jeung politik,
bisa ancur karierna, eta kajadian ku kasus Yahya Zaini tea.

Manuver2 politik khususna jang naekeun popularitas penting pisan. Contona
PDIP, teu kaop SBY ngaluarkeun "kebijakan" anu teu populer, langsung weh
ngabantah, nyieun "statement", nyieun sanggahan, contona pas SBY naekeun
harga BBM, para politikus PDIP termasuk Megawati langsung ngomong
"Pemerintah seharusnya tidak menaikkan harga BBM, pemerintah masih mampu
koq". padahal... baretona keur Megawati jadi Presiden oge seueur pisan
kebijakan manehna anu teu populer.

tos ah,,, naha janten ngocoblak wae...

-Bohay-
*Urut politikus kacingcalang


On 16/04/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Dina Kompas dinten ieu aya gambar Mbah Maridjan
ngobrol sareng ketua Umum Golkar anu disarengan ku
Sultan Hamengkubuwono X. Mbah Maridjan biantara dina
acara pasamoan pangurus Golkar di Yogya.

Sok sanajan cenah mah Mbah Maridjan teh hiji tauladan
pikeun balarea dina nyangking amanah ti Sultan
Hamengkubuwana IX, Ari tafsiran kuring mah, ieu teh
hiji manuver politik Golkar, ngaraeh simpati ti
golongan jalma leutik siga mbah Maridjan. PDIP anu
cenah ngadeklarasikeun partaina "wong cilik", eleh
taktik. Geura tengetan deui kapayun, manuver naon deui
anu bade digelar ku Golkar. Ceuk cenah, Golkar teh
pamorna keur turun, dian danget ieu.

baktos,

mrachmatrawyani

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Reply via email to