Lalampahan sarebu mil dimimitian ku lengkah kahiji

                                                                  (Papatah
Cina)

On 4/16/07, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamu'alaikum wr, wb.
Baraya...,

Alhamdulillah..., acara silaturahmi Kusnet (Kopdar) di Jl. Langsat
Jakarta poe saptu kamari geus lumangsung kalayan lancar jeung
nyugemakeun.
nu hadir dina acara ieu kaitung rempeg jeung loba barayanu anyar
panggih jadi teu eta deui eta deui..hehehe..(nu hadir aya 21 urang
baraya...)
sim abdi kaasup nu datang pang ahirna sabab lalampahan ti Bandung
lumayan rada lila kapegat ku macet jeung deuih indit ti bandungna oge
jam hiji-an...beurang.

Moal dicaritakeun soal kumaha ngaleuyana kadaharan mah pokona mah
matak wareg jeung seubeuhlah...(aya kulub cau, kulub suuk, katimus
jrrd)
Intina hasil tina silaturahmi poe saptu kamari teh nyawalakeun soal
tatahar keur acara HBH (Halal Bi Halal Kusnet 1428 H) nu bakal datang,
dina riungan kamari ngahasilkeun kaputusan yen pikeun HBH nu bakal
datang pupuhu HBH diamanatkeun ka kang Iim (Boim) ti Bandung kalayan
salaku wakil pupuhu jeung Bendahara di amanatkeun ka kang Toni Sofyan
(Bandung/Bekasi) jeung teh Imas (Jakarta).
pikeun saheulaan karek ngahasilkeun susunan panitia sakitu heula, keur
galengkepanana insya Allah sabada kongres di Bandung bakal
dilengkepan.

HBH nu bakal datang insya Allah bakal diayakeun di sabudeureun kota
Bandung, atuh pikeun pitempateun acara HBH sakumaha usulan anu geus
asup aya tilu pilihan
1. Dago Resort
2. Hotel Bumi Kitri Cikutra
3. Bumi Perkemahan Jend. Mashudi Kiara Payung Jatinangor

Ancer-ancerna HBH teh baris diayakeun dina tangal 27 - 28 Oktober 2007
(2 minggu sanggeus poe lebaran), ieu can pasti sabab can jadi
kaputusan panitia tapi karek ancer-ancer atawa kira-kira.( hasil
itungan sim abdi)
Insya Allah saatos aya kaputusan panitia anu sifatna tetep, ngenaan
tempat, waktu jeung acara HBH bakal dibewarakeun di milis sakalian
dibuka pendaftaran pikeun saha bae anu rek ngiluan HBH..

Pikeun saheulanan sakitu hasil lalampahan sim abdi dina acara
silaturahmi baraya Kusnet (Kopdar poe Saptu di Jl. Langsat Jkt), teu
hilap sim abdi ngahaturkeun nuhun ka teh Imas sakulawargi anu parantos
maparin tempat sareng nyuguhan tuangeun sapuratina mudah-mudahan
sadaya kasaean ieu dibales ku Allah Swt janten amal nu
manglipet....amin.

cag..ah, punten bilih aya nu lepat...nuhun.

"kkbm'69"
-hasil salengkepna insya Allah baris dilaporkeun ku kang Ndoel bin
kang Nanang tea...hehehe.

Kirim email ke