Minggu2 ieu, unggal poe urang nempo dina TV kumaha katelengesan 
ditempokeun dina layar kaca. Enya, katelengesan di sakola  IPDN/STPDN. 
Sanajan ieu video pribadi jeung kajadianana geus lila, tapi tetep we 
karasa "vulgar" jeung matak nyigeung rasa kamanusaan.

Tapi anehna, teu aya tindakan ka pelaku katelengesan ieu, padahal 
jelas katempo dina TV. Masyarakat oge teu protes, teu aya nu demo 
supaya para pelaku ieu kudu ditewak. Pulisi cicing, kaum ulama 
jempe ....masyarakat oge sami mawon. Tayangan ieu "bebas 
merdeka" ...nonghol di unggal imah.

Ieu beda jeung kasus nu dianggap Porno. Bujur muter nonghol dina TV 
wae geus jadi ribut, nu boga bujur kudu ditewak jeung "diisolasi", 
padahal bujur-bujurna sorangan, teu ngarugikeun bujur batur.

Ceuk kuring mah, ieu tandana yen di urang toleransi kana katelengesan 
jauh leuwih gede tinimbang kana kapornoan. Porno bisa nyababkeun era 
saumur-umur, kusabab kitu teu meunang ditempokeun sanajan saeutik oge. 
Tapi katelengesan .....malah dianggap kagagahan (kejantanan) .... nu 
wajar we jadi "tayangan menarik" dina TV.

Porno bin maksiat dibasmi, tapi katelengesan???


Baktos,
WALUYA

  

Kirim email ke