Leres Kang, ieu teh minangka waleran kangge kang Surtiwa, yen mun mobil Jakarta ngaheurinan Bandung, komo mun harpitnas mah. Solusina lain nyalahkeun urang Jakarta, malih mah kedah dibageakeun, Baraya ti jakarta teh turis keur kota Bandung, Memang nu meunang kauntungan langsung mah Hotel jeung nu dagang, tapi sabenerna mah kabeh bakal meunang kauntungan asal ditata sing alus. Duit hasil pajeg hotel jeung pajeg toko kudu keur ngawangun kota.
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Pangbagea anu simpatik yeuh. Biasana mah ka urang Jakarta teh sok dijantenkeun "embe hideung" tina sagala karuwetan anu aya di Bandung. Sigana ayeuna mah, wancina "gawe babarengan" dina sagala hal, kalebet antawis jalma leutik jeung jalma jegud, urang kota sareng urang desa, urang jakarta sareng urang Bandung. Mucunghulkeun komentar-komentar anu ngabalukarkeun konflik, hiji sikep anu kontraproduktif. baktos, mrachmatrawyani --- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Tambihan: > Bagea urang Jakarta, mangga sing sering sumping ka > Bandung, balanja sing seueur. Bandung teh minangka > kota wisata sanes? > > Salam > TS > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

