Saleresna ayi Bohay teh uningaeun yen urang Indonesia resep demo, bebas nyarios 
sapertos di milis ieu, asal ngabangun teu sawios sanes?. Bohay rerencanganana 
aya oge penduduk tempatan, araneheun upami di Indonesia rea demo. Padahal di 
nagara Bohay nyandak MBA mah sanes teu kersa demo, mung heurin ku letah, naha? 
Cobi bae naon anu bade didemona? Mangga taros ka rerencangan Bohay. Tikawit 
mhs+pelajar dugi murid paling handap ampir sadayana dipasihan nambut biaya 
sakolana, malih garatis?Atuh sarepuhna oge diparasihan nambut mobil cicilan 
salami 7-9 th sareng bungana mirah (3-5%/th)? Ari di urang upami palay bantosan 
ti Bank, teu wae nginjeum hayam kubiaya domba??Mana itu syarat2 walah-walah 
sabareg-abreg. Anu mampu nyandak kredit kendaraan paling lami teh 5 th, jabi 
bungana walah-walah 2x langkung awis tibatan diditu? Tah jadi tong aneh, di 
urang mah wararantun rahayat teh ka pamimpinna, sabab teu ngarasa dibantos komo 
deui ngaran ngabogaan mah? Tah sigahna dicobi ku pa SBY ku
 program bantosan tunai langsung konvensasi bbm tea, bagi-bagi artos, padahal 
anu diperyogikeun ku masyarakat alit mah peluang usaha+peluang damel, sanes 
palay lauk tapi peryogi useup cenah? Padahal deui eta artos anu diparkir di BI 
lieur mayar bungana ka nasabah, da teu wantun pami nambutkeun ka ukm mah, 
palayna ka konglomerat, majar teh "visible" kajamin, padahal deui pangalaman 
ngabuktoskeun eta konglomerat teh "nyalametkeun harta usahana ka luar nagara? 
Atuh tetesan ka handapna teu di urang? di urang mah nu puguh hese jeung hese 
wae milari padamelan teh? Tah eta rupina masalah anu kiwari ngagujud di urang, 
cing ayi bohay kumaha ngamanajemenana masalah sigah benang kusut kitu? Aki mah 
lieur ah?

trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Kanggo Kang Bohay,
  Sabab carana pamarentah nerapkeun penambahan beus kurang luwes. Tingali heula 
naon sababna supir angkot maledogan beus? Sabab ngaganggu kalancaran rejekina. 
Kumaha carana dapur maranehna tetep ngebul? Loba carana, ulah ngadatangkeun 
angkot anyar. Ganti trayek ka pasisian, ayakeun trayek anyar make angkot nu 
aya, gratiskeun urusan administrasi keur ganti trayek ka pasisian. Keun di 
jalan jalan protokol sina kakurangan angkot secara alamiah. Ke geus kakurangan 
kitu pan gampang dieusian beus. Dimimitian ku beus patas, ulah beus nu eureun 
unggal parapatan, eta mah nyoro rejeki angkot. Pokona gampang lah asal aya 
political will ti pejabat pamarentah.
  
  Kang Santosa


Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       Bareto mah, amun aya parentah 
ti pemerintah anu kararitu moal hese, da rahayat oge pasti nurut.
ayeuna mah, tong waka maen ganti jiga kitu, misalkeun, nambahan jumlah beus 
weh, pasti langsung rame daremo, langsung kabeh bus dibaledogan ku supir 
angkot. ayeuna mah pamarentah teu bisa sa heuras bareto apanan. 

-Bohay-


  On 16/04/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
  Taun 80-an pamarentah kungsi ngaganti bemo ku angkot, sukses, teu aya 
masalah. Polusi udara  ngurangan, jalan teu gandeng teuing ku sora bemo nu 
norekan ceuli. Diajar tina pangalaman ieu, piraku teu bisa ngaganti angkot ku 
beus. Mun teu bisa, cik manawi aya baraya kusnet nu uninga, naon hesena, naon 
masalahna? 
   
  TS







  



    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke