tapi jigana urang mah ulah nepi ka TUTUKULEUN teuing meureun nya??
eta da, nepi ka satpam satpaaamm katularan nu karitu teh.

kamari2 ka emol, terus dipariksa ransel, dibuka ku manehna teh, terus 
manehna teh ngomong kieu, owh bapak bawa tukul ya?. da harita asa teu 
jelas, nya uing unggeuk weh...
 
geus kitu, uing ngahuleng.......
 
bari ngagidig teh.... cekeng, iiih aing mah ni kitu2 amat eta nu 
TUTUKULEUN teh, maenya uing ngagagandong si TUKUL?? ni euweuh gawe 
pisan atuh
 
hihihih...
 
 
mun TUTUNGGULAN kumaha atuh?? eta mah kudu 1oja hungkul nya? :D
 
-dik2-


--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> TUTUKULEUN
> 
> Wayahna kudu rido disebut katro mun kiwari teu apal tutukuleun. Tuh 
nya pan katro, lain tutukuleun atuh ari jalma kurang gaul mah tapi 
kuuleun. Komo dihartikeun leungeun karadak lantaran kerep nyekel 
doran pacul mah, leuwih katro. Nu kitu mah sasangaleun. Jadi naon 
atuh ari tutukuleun teh?  Nu sok pirajineun nongton opat mata pasti 
apal ka sosok tukul arwana, tina biwirna anu beda tibatur remen pisan 
kaluar kecap kecap saperti "ndeso, katro, back to laptop, silent 
please, kristalisasi keringat, tak sobek sobek mulutmu jeung 
puas...puas...puas". Di kahirupan sapopoe kecap kecap eta tereh pisan 
sumebarna tur jadi bumbu heureuy lamun keur ngobrol. Kabiasaan 
ngucapkeun anu sok diucapkeun ku tukul arwana dina acara opat mata, 
leuwih pas disebut tutukuleun.
> 
> Kiwari lamun aya jalma ngomong basa inggris teu puguh alang ujurna 
tur dititah ngucapkeun kecap anu tas diucapkeunana kalahka rungah 
ringeuh, geus teu salah deui pasti eta jalma teh keur kajangkit 
tutukuleun. Salian ti eta, geura urang tataan  hiji hiji saha saha 
wae nu keur kajangkit tutukuleun teh. Si midun budak angon pasir 
cineom, lamun embena sing berele hayang nyatu cukup nyorowok " silen 
plis, silen plis!" sapada harita sungut embe jempe. Kitu deui basa 
jang lahem keur indehoy jeung euis rancunit wanci tengah poe ereng 
ereng, jang lahem ujug ujug nunjuk kana kelek euis rancunit bari pok 
ngomong "Nyi kunaon eta kelek meuni rametek kitu?" dijawab ku si euis 
bari serengeh "Ih katro siakang mah, eta mah kristalisasi keringat 
atuh!" Nu leuwih parna anu katerap tutukuleun teh nyaeta anu remen 
ngucapkeun back to laptop, lila lila mah bisa katerap laptopirosis 
setadium lima, hiji panyakit anu tanda tandana euweuh kaera hayang 
dipangmeulikeun laptop. Salain tanda tanda eta panyakit laptopirosis 
ieu boga tanda tanda husus kayaning mun kiih sok sing geregel 
karasana nyerina pisan. Har bet sarua jeung jengkoleun geuning!  
Nyaeta atuh, pan mun dahar jengkol loba teuing ge sok disebut 
jengkoleun, kitu deui lamun murak semur laptop loba teuing atawa 
goreng kekebna, pasti bakal laptopeun nya basa katrona mah 
laptopirosis tea.
> 
> Urang sunda sok tutukuleun, kitu deui si tukul sok susundaeun. 
Buktina basa dina salahsahiji episodna kecap back to laptop anu kerep 
diucapkeun diganti jadi "Balik deui ka laptop!" ngan ngecapkeunana 
kurang acep, lantaran teu make aksen logat sunda. Kitu deui kungsi 
ngondang bintang tamu anu aya sari sari kasundaan nyaeta ma' erot. 
Ngan hanjakal waktu harita tukul arwana teu cipika cipiki jeung ma' 
erot da meureun hariwangeun, mun pipina jeung biwirna nempel jeung 
pipi ma' erot hariwangeun biwirna atawa pipina, ngagedean tur 
manjangan.  Mun nu kabitaan mah pasti kabita, gawena ngan ukur cipika 
cipiki jeung artis herang mencrang tapi gajihna mangpuluh puluh juta 
sa episod-na. Heup ah ulah ngomongkeun panghasilanana bisi kadengeeun 
ku nu boga panyakit mala-nyandung pasti bakal karugrag.
> 
> Anu can katerap ka masarakat polah tutukuleun teh nyaeta sipat 
jujur kadiri sorangan sumawona ka batur tur daek jadi bahan ledekan 
batur. Coba mun sipat ieu nular ka para koruptor meureun mana teuing 
ngaleutakna, loba para koruptor ngaraku sorangan tur daek jadi bahan 
ledekan balarea. Mun tea mah aya meureun omongan koruptor teh kawas 
kieu. "Lur...bisi teu nyaho, harta dewek anu balatak teh swer 
euy...meunang korupsi! Sanajan harta dewek balatak tetep we dewek teh 
teu tibra sare euy! mana ieu burut saban bulan purnama 
ngagedean,kawalat euy! Puas.....puas....puas! Awas mun teu nyerengeh 
tak sobek sobek mulutmu!"
> 
> Ceuk basa tutukuleun mah cenah ieu mah ngan ukur just kidding, just 
for laugh, just jedding jeung just hujan!
> 
> Batawi,14 rabiul awal 1428h
> syam ridwan
> katro bin kuuleun
>


Kirim email ke