Asup kana bubu... Sakola teh jadi teu leupas tina 'ngarah lulus ujian'. gara2 'ngarah lulus ujian', barudak sakola jadi teu cukup ku diajar di sakola, tapi oge kudu ngiluan sabangsaning bimbingan belajar.
Tapi, kumaha mun kieu... Kusabab dina pamustunganana mah ditangtukeun ku ujian nasional, barudak jadi teu perlu sakola formal. Diajar di imah ge bisa (mun bisa). Pas dina waktuna, nya kari ngilu ujian persamaan. Pan kitu kasauran para pejabat atikan harita ge. Mun teu lulus mah nya kari nyobaan deui ujian persamaan. Heheh... Enya, nya. Keur naon atuh ari ujian nasional? Lulus ujian nasional teu ngajamin bisa lulus umptn atawa yakin bakal meunang pagawean. Nggeus we atuh ujian nasional teh dihapus bae. Keun sina sakola nu rek nampana nu nyeleksi, nu ngayakeun ujian. Geus anggeus sakola SLA mah geus we lulus lah, perkara neruskeun sakola jsb, nya lajuninglakuna mah dipasrahkeun ka nu rek nampa. Mun hayang ka PTN, nya kudu ngiluan UMPTN, atawa lolos seleksi husus model PMDK. hayang ka PTS, nya kari ngiluan UMPTS di universitas nu dituju. Biasana mah nu sok heuras masalah UN teh.... Kang Deny!!! Heuheu... On 4/19/07, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyanggakeun Editorial Media Indonesia dinten Ieu, soal Ujian Nasional. Kuring oge sapamikiran jeung editorial ieu, keur naon atuh ari ujian Nasional? Cenah keur standarisasi. Naha usaha standarisasi teh kudu ngorbankeun budak disebut lulus jeung teu lulus? Ujian Nasional yang Menghakimi
-- sikandar kumincir.blogspot.com

