Kang, kuring mah satuju pisan lamun PNS teu ilubiung jadi pengurus di YP. 
Lantaran memang susah waktuna oge. Matak basa kuring ditawaran ku MJ, supaya 
jadi pengurus, jawab kuring, "kuring mah jadi penggembira wungkul". da moal aya 
waktu keur mikiran YP, komo lamun kudu ngilu pajemuhan mah, rek saptu, rek 
minggu hese pisan. 
  PNS mah konsentrasi wae kana pagawean. YP mah salaku salaku NGO atawa LSM, 
keun wae jadi organisasi nu mandiri, mun dina good governance mah, jadi 
"penjaga moral" cenah.
   
  Baktos,
  -ika- 

Maman Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            PNS
  
  Ngabandungan ranggeuyan obrolan ngeunaan PNS ieu 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/109858), kuring jadi inget ka 
sawatara waktu ka tukang. Waktu kuring jeung sawatara anggota milis nyieun 
saruntuyan pajemuhan di Bogor jeung Jakarta, madungdengkeun perkara kumaha 
alusna YP-Kusnet.
  Jadi asa dosa harita teh. Utamana ka Kang Oman, Kang Tirta, oge Kang Tantan. 
Asa dosana, pedah harita kuring ngusulkeun PNS teu meunang jadi pangurus YP. 
Hartina, rerengrengan pangurus YP – utamana pupuhu jeung jabatan-jabatan lian 
nu nungtut waktu, tanaga, jeung pipikiran nu leuwih loba -- teu meunang 
dieusian ku PNS. Nyebut “waktu, tanaga, jeung pipikiran nu leuwih loba” teh 
pedah bae aya pikiran sangkan YP jadi yayasan atawa organisasi nu profesional. 
Lain ukur sambilan atawa ukur gagayaan jeung asa aya. 
  (Malah luyu jeung “profesionalisme” yayasan tadi, satemenna, kuring hayang 
ngusulkeun: Rengrengan pangurus kudu dieusi ku jalma-jalma nu teu boga 
kawajiban lian. Sina museur bae jadi pangurus. Tong mikirkeun nu lian. 
Konsekuensina, kabutuhan hirup maranehna nya kudu ditedunan).
  Sakedapan, eta pipikiran teh siga nu ngahengker hak asasi atawa potensi nu 
aya. Utamana, dulur-dulur nu jaradi PNS – siga Kang Oman, Kang Tirta, jeung 
Kang Tantan tadi. Malah, bisa jadi eta usul teh leuwih miboga alesan politis 
manan alesan nu sipatna leuwih subtantif. Bisa jadi, kuring dituduh ngusulkeun 
eta teh ukur rek mageran rengrengan pangurus tina “campurtangan” Kang Oman 
atawa dulur PNS lianna. Nya, di dieu ngarasa dosana teh.
  Padahal, lain rek kikituan. Lain rek ngahalangan karep jeung potensi nu aya. 
Sabalikna. Ceuk pikir, rek merenahkeun potensi-potensi eta. Bari hayang 
negeskeun deui fungsi jeung kawajiban PNS hususna, jeung fungsi pangurus YP 
umumna. Legegna mah rek nanjeurkeun profesionalisme tadi, nu salah sahijina 
dicirikeun ku spesialisasi fungsi. Sakalian hayang nanjeurkeun etika, atawa 
teuing naon ketang, pakait jeung PNS atawa birokrasi di urang.
  Bongan, PNS atawa birokrasi di urang miboga ”citra” (atawa fakta?) kurang 
nyugemakeun. Lain ukur pakait jeung gajihna. Tapi, kinerjana: Leled, koruptif, 
jeung gumenak (hayang dikawulaan, ngarasa paling nyaho, asa paling kumawasa), 
”mun bisa dijieun susah, ku naon dijieun gampang?”, jste. Jeung asa ningnang 
bae, dina jaman siga kiwari,  hiji yayasan rengrengan pangurusna direumbeuyan 
ku PNS. Komo mun pupuhuna PNS mah. Dimana watek civicna? Pan, PNS mah geus 
karuhan tugasna? Nya, museurkeun maneh bae kana tugasna? 
  Tangtu bae, eta pipikiran teh nyakompetdaunkeun. Sabab, dulur-dulur Kusnet nu 
jadi PNS tadi bisa disebut PNS nu mahiwal. Katingalna jajauheun tina panyakit 
tadi. Lian ti miboga karep jeung kapercekaan, oge mibanda katineung ka Sunda. 
Malah, PNS jiga Kang Tantan mah, bubuhan dosen, jauh tina watek birokratif. 
Leuwih katingali tukang mikir (pemikir), bari boga sipat ngasuh, wuwuhan dosen 
tea; manan PNS nu citrana ngagebleg salila ieu.
  Leuwih ti kitu, dulur-dulur Kusnet nu potensial tadi, bari ”milih” atawa 
”katideresa” pisan jadi PNS, lain rek dilurjeunkeun. Tapi, bisa diperenahkeun 
dina jabatan-jabatan lian, nu teu kurang penting jeung strategisna. Piraku 
pantar Kang Oman kudu jadi pupuhu mah? Lain perkara mampuh teu mampuhna. Ngan, 
pantesna ge ”mama” siga anjeunna mah calik di sarupaning Dewan Penasihat, Dewan 
Pengawas, Dewan Pakar, atawa jabatan-jabatan lian nu luyu sareng kaweruh, 
pangalaman, yuswa, katineung, oge komarana. Keun pupuhu mah sina ku nu ngarora. 
Nu umurna can manjing 30 taun. Lian ti di arah tanagana, oge sina warani (jeung 
barisa!) jadi pamingpin. Beh dituna ambeh aya sirkulasi elit, malah – mun bisa 
– aya generations cut.  
  Pon kitu deui Kang Tantan jeung Kang Tirta. Ceuk pikir kuring harita, 
aranjeunna tetep kudu diampihan. Ngan teu direngrengan pupuhu atawa Pangurus 
Harian – mun tea mah sapuk rek diayakeun pangurus harian. Pan, asana, nurutkeun 
aturan nu aya, teu haram mun hiji yayasan miboga dewan itu dewan ieu – luyu 
jeung kamekaran kapentingan nu aya? Nya, didarinya meureun pantesna tempat 
aranjeunna teh. Intina mah, kumaha sangkan potensi aranjeunna kawadahan bari 
teu ngaganggu kawajiban anjeunna salaku PNS. Kituna teh bari nanjeurkeun citra 
YP salaku bagean tina civil society. Teuing nyambung teuing heunteu ide-ide 
dina kalimah-kalimah tadi teh: PNS, YP, jeung civil society. Heuheuheu... 
  Lian ti kitu, bisa oge asumsi atawa paradigmana pisan dibalikeun: YP bisa 
ngilu ngobah citra PNS salila ieu. Atawa, YP rek ngilu nandeskeun peran 
kapamongan PNS (baca pelayanan jeung pengabdian masarakat) nu leuwih jauh? 
Ongkoh, YP mah pan rada unik: Lahir dina milis, bari milis urang Sunda pisan – 
nu loba “punten-na” tea. Hehehe... Hartina perkara “anti PNS” ieu teh, sigana, 
kudu ditempatkeun dina tempatna atawa ditingali kasusna. 
  Nyanggakeun ka sadayana. Tapi, tingali oge pangacaprukan kuring ngeunaan 
transparansi jeung akuntabilitas LSM. Intina mah, lian ti ngajelaskeun 
pamadegan kuring harita, pangacaprukan ieu oge karumasaan kuring ka aranjeunna, 
oge ka kumna dulur-dulur Kusnet nu jadi PNS. Bilih bisi asa kapengpet karep ku 
eta usul. Neda pangapuntenna. Nun...
  
  Salemba, 20 Desember 2006


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke