Walaikum salam,
  Pangesto,
  Mangga linggih.
  Nepangkeun oge atuh sim kuring ge nembe kirang langkung sataun janten anggota 
Kusnet, mung kantos ngalelep, nembe kamari kamari ieu sim kuring mucunghul 
deui. Kuring urang Banjar ngadon meakeun masa balita, sakola terus digawe di 
Bandung. Ayeuna geus taun ka tujuh ngumbara puputeran di luar nagreg. Kabeneran 
ayeuna keur di Hamburg. Untung aya Kusnet nu bisa ngahibur mun keur sono ka 
lembur.
  Sok atuh ayi Gungun dikumplitan kenalanana.
  Salam,
  Kang Santosa.


Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Alaikum salam, saderek Gun2. Mangga linggih wsilujeng tepang di 
Babakan Kusnet. Langkung sae rada lengekep nepangkeunana, supados enggal loma 
manawi. Sapertos kawit timana, ayeuna nuju dimana, malih upami teu kaabotan 
jalaran teu paamprok jonghok dikieuna, nyebatkeun yuswa oge langkung utami. 
Supados wargi2 anu sanesna gampil bade nyebat: ayi, akang, sareng sajabina. Tah 
atuh sakatenan ngabageakeun, ieu kuring sok disebat aki tams. Aki da rumaos teu 
anom keneh, malih tos gaduh incu. Kaleresan ayeuna nuju di Mantin Negeri 
Sembilan Msia, kawit mah ti Tasikmalaya, manung bubuara di Bandung. Mangga 
wilujeng tepang, diantos postinganana. Baktos aki tams.

gun2bihyahin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:       assalamualaikum
nepangkeun wargi enggal, kumaha daramang?

haturnuhun
gun2




    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         



       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke