Leres kang..! rebuan dosen janten TPI, salami 3 dinten jigana aktifitas dosen teh liren heula, padahal ceuk manehna dosen UNAIR anu janten TPI di sakola teteh, nanaonan cenah aya TPI, da anu ngaranan kacurangan mah, dimana2 oge aya wae ...mental bangsa urang mah, can bener.....manehna teu panuju. Perkawis HBH.......muhun sapertos kitu aya acara seremonial, dina acara pelesiran , keukeuh......he he, waktosnana ge tiasa sadinten, ti ngawitan enjing2 dugi ka sonten wengina acara keakraban....pan, moal micen waktos da jalmi sibuk mah, waktos teh samporet pisan, sanes kitu kang Yani...! baktos ipeut
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Alhamdulillah teh, di Depok mah nuju "aman-aman" wae. Tapi ketang aya sababaraha dosen UI anu janten pengawas independen UN, ngalongakan UN di sakola-sakola SMU. Sabada nitenan seratan di Kang Boim, Kang Maman Gantra, Kang Gunawan, Teh Ipeut, sareng baraua KUSnet sanesna, kacindekan kuring mah sadayana meredih supados HBH anu bade dongkap teh aya probihan/kamajengan tinu atos-atos. Perobihan mana anu bade dilaksanakeun ku panata calagra, eta gumantung kana sikon wae. Anu penting mah, saur Juragan Rhenald Kasali dina Bukuna "change!", aya parobihan, anu tiasa janten tanda ayana kamajengan. Atuh kahoyong teh Ipeut pelesiran, mangga diakomodasikeun wae. janten emut upami aya seminar/simposium internasional. Biasana pan panicia ngadamel agenda acara dinten kahiji naon, dinten kadua naon, aya opening seremonial, diteraskeun sareng Dinner sareng pejabat. Tos kitu biasana dina dinten pangahirna, aya pilihan acara pelesir kaditu kadieu. Teu aya awonna upami panata calagra HBH oge ngadamel agenda sapertos kitu. Engke para peserta dipasihan pilihan bade ngiringan acara nu mana. Tah didieu peryogina timwork sareng network tea. Atuh HBH oge janten hiji pelatihan kanggo urang sadaya, kumaha ngaorganisir hiji acara, engke tiasa katingali kualitas sareng spesialisasi kaprigelan baraya KUSnet. Sapertos ayeuna anu tos jelas, kang Ndoell tos teruji sabage ahli wawar sareng wara-wiri alias angkag-ingkig, Teh Imas ahlina dina nyayogikeun katuangan sareng nyimpen cicis, ssjb. Ari kuring mah panginten mung tiasa janten purah tukang "surat-sorot" vidoi (eta oge lamun diidinan ku pun bojo, margi masih gaduh 2 gemboleun anu kedah diasuh ku kuring). baktos, mrachmatrawyani --- indung peuting wrote: > Waalaikumsalam Wr. Wb. > > Haturan Kang Im, Kang Yani, kang Gunawan > akang-akang anu sanesna kum wae sadayana......kumaha > daramanng..?, nuhun daramang mah... > Nembe ngelol deui yeuh ka lembur bakus teh, sanes > kirang sono ,manawi sim kuring nuju pakeupuk ku "UN" > tea....mani pak-pik-pek hajat UN teh.., jika anu > enya.....tapi lumayan aya perobihan. > > Tos dikawitan padungdeng HBH, sim kuring sapagodos > sareng pamendak kang Yani sareng kang Im, ide kang > Yani mangga geura dikawitan, sangkan HBH teh aya > hasilna. > > Si teteh ge boga usul, kumaha upami HBH teh, urang > bari pelesiran ka tempat-tempat sajarah kasundaan > sanes sabudereun jawa barat aya sajarahna..? > HBH teh ulah ukur acara seremonial, bari jeung > hasilna naon..? sajabi pelesiran teh urang bari > ngabagikeun sembako tea, atanapi babagi naon wae anu > manfaat keur masarakat miskin janten idena kang Im > kacancak ka hayang si teteh kalakon.....he he, sok > geura resep, si teteh jauh-jauh ge rek ngahajakeun > ngiring, kitu tah.....baraya. > > > Sakitu heula, mangga.... > > baktos > ipeut > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

