Wilujeng wengi, Saparantos maca referensi wikipedia eta, leres tambih lieur kang; nganggo statistical eucledian distance sagala bari sareng henteu jero dugi ka informasi ngeunaan ras-ras di Asia wetan-kidul (tenggara). Kang, dina hiji wengis sababaraha sasih kapengker, jigana mah sateuacan ngagabung sareng ieu milis, pribados kantos ningali program TV, duka ti Discovery Channel, duka ti National Geographic (hilap deui), anu ngagambarkeun kahirupan salah sahiji suku bangsa di Khmer (Kambodia) dina nyikapan korban perang keganasan Khmer Merah. Eta suku bangsa mirip pisan sareng urang Sunda boh sacara fisik, lentong / logat basana sareng raksukanna tapi henteu mirip suku bangsa Palaung anu gambarna kapendak dina internet. Aranjeunna nganggo acuk hideung sareng nyoren atawa meulitkeun sarung (siga anggean si Kabayan). Dina eta program digambarkeun yen supados bebas tina pangaruh awon roh korban perang, si abah nyiapkeun sasajen mangrupi celeng anu tos dipeuncit sareng barang sanesna. Janten eta suku bangsa teh masih animisme. Hanjakal ku pribados henteu diperhatoskeun pisan eta program teh da nongtonna henteu ti awal sareng deui tunduh. Kamari Saptu siang, tamba kesel nungguan rengsena pun anak kursus basa Inggris Balita, pribados jalan-jalan ka toko buku. Didinya mendak buku Pengantar Ilmu Antropologi karangan Koentjaraningrat. Pas diaos dina kaca 302, aya informasi ngeunan urang Sunda sareng urang Khmer anu kieu unina: Sejumlah manusia yang memiliki ciri-ciri ras tertentu yang sama, belum tentu juga mempunyai bahasa induk yang termasuk satu keluarga bahasa, apalagi mempunyai satu kebidayaan yang tergolong satu daerah kebudayaan. Diantara sejumlah manusia seperti itu misalnya ada beberapa orang Thai, beberapa orang Khmer dan bebeapa orang Sunda. Ketiga-tiga golongan itu mempunyai ciri-ciri ras yang sama, yang dalam ilmu antropologi fisik seringkali disebut ciri-ciri ras Paleo-Mongoloid. Namun bahasa induk masing-masing orang tadi termasuk keluarga bahasa yang sangat berlainan. Bhasa Thai termasuk keluarga bahasa Sino-Tibetan; bahasa Khmer termasuk keluarga bahasa Austro-Asia, dan bahasa Sunda termasuk keluarga bahasa Austronesia. Jigana si abah anu aya dina gambar di TV eta teh urang Khmer anu diserat ku Koetjaraningrat. Pribados mah langkung sapuk kana pendekatan genetik atanapi ras anu didugikeun ku Koentjaraningrat daripada pendekatan bahasa (ngabanding-banding basa Sunda sareng basa suku bangsa sanesna) dina nalungtik asal-usul sahiji bangsa teh. Luepas tina bahasan ngeunaan Sunda sareng Paleo-Mongoloid, aya anu ngaherankeun dina tulisan Koentjaraningrat ieu, enya eta anjeunna nyerat dina kaca anu sami yen urang Jawa teh gaduh ciri-ciri ras Mongiloid-Melayu. Naha benten sareng urang Sunda, nya? Naha parantos dibuktoskeun sacara genetik kitu? Tah kumaha urang Brebes, Banyumas saren anu sanesna anu kapungkurna anak turunan urang Sunda? Naha henteu kaemut ku anjeunna kitu? Salamna, Pun Asep
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nuhun kanggo rujukan ka bahan ti wikina, bade didownload, dikopi teras dicandak ka rorompok kanggo bacaeun ahad wengi sabari ngantosan Republik Mimpi (acara kameumeut teh Roro). Sateuacan maca referensi eta, katambih gado ngagayot, aya patarosan, kumaha nya upami metoda pengujian DNA dianggo nalungtik "kedekatan" sahiji suku bangsa di endonesia sareng suku bangsa sanesna? Upamina wae saha anu langkung caket "kekerabatanna" ka urang Sunda? Naha urang Lampung, urang Kutai atanapi urang Jawa? Mungkin henteu nya, kang? Cag heula ah bade uih yeuh, tos bade jam lima. Salamna, Pun Asep kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kacindekan nu nepi ka nyebutkeun urang Sunda asalna ti Palaung mah abot teuing, kecuali mun eces natrat tapak lacakna. Mun nilik tina basana, paling oge bisa disimpulkeun yen eta dua basa teh duduluran atawa sakaruhun. Panalungtikan ngeunaan asal-usul hiji bangsa (atawa asal-usul manusa) tos rada lami ditalungtik migunakeun tehnik molekuler, nyaeta ku jalan nempo runtuyan DNA-na. Materi genetik manusa anu ilahar dianggo kanggo ieu panalungtikan nyaeta kromosom Y jeung DNA mitokondria (mtDNA). Runtuyan DNA anu aya dina kromosom Y teh diturunkeun sapanjang garis bapa (ti aki nurun ka bapa, ti bapa ka budak lalaki, terus ka incuna nu lalaki, terus ka turunanana anu lalaki deui, jst), sedengkeun mtDNA diturunkeun sapanjang garis indung (ti indung ka anak2na, ti anakna nu awewe ka incu2na, ti incu2na nu awewe ka turunanana anu salajengna). Tina kromosom Y, urang bisa nyusud kumaha leorna lalaki (sabab umumna mah mobilitas manusa teh ditangtukeun ku lalaki). Sedengkeun tina noong mtDNA, urang bisa ningali ka mana palidna awewe (sabab umumna mah mobilitas awewe mah kumaha lalakina). Hasilna? Tamba lieur, mangga cobi buka http://en.wikipedia.org/wiki/Race ti Wikipedia. Di dinya aya gambaran & tumbu ka pedaran2 sanesna ngeunaan hal nu patali... On 4/19/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] > wrote: Kumaha tah lamun di balik, urang Palaung asalna ti Sunda? Teuing atuh. Lamun ditilik dina fisik mah siga jauh pisan antara urang Palaung jeung urang Sunda teh. Nangkod dina email ieu aya dua foto urang Palaung. Salian ti ngagunakeun etimologi, jeung elmu basa lianna, naha nya can aya studi anu ngagunakeun metoda DNA dina nalungtik asal muasa sahiji bangsa? --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.