Kang Asep, pikeun basa Sunda tos aya oge lembagana, malih pan tos sering pisan ngayakeun Kongres Basa Sunda. Nami lembagana nyaeta "Lembaga Basa & Sastra Sunda", LBSS tea. Sekretariatna aya di gedong Yayasan Pusat Kabudayaan (YPK), Bandung. Perkawis kagiatanana, duka tah salian ti kongres aya teu nya?
On 4/20/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leupas tina sual PNS, punten bade tumaros, dupi akang teh damel di lambaga sajinis lembaga pengembangan bahasa. Sae pisan upami dina pengembangan basa Sunda aya lambaga sapertos kitu. (Dina pengembangan basa Endonesia mah gening aya Lembaga Pengembangan Bahasa Indonesia). Lambaga kitu teh diperyogikeun pisan kanggo ngamumule basa sunda sareng perkembangannana kalebet kumaha carana nyerep basa Indonesia sareng basa asing, aksara asing, sareng sajabina.

