Alaikum salam,
Wios telat ngabageakeun ge.
nepangkeun atuh sim kuring, Trias Santosa, urang Bandung. Dumuk di sisi
walungan CiElbe Hamburg.
Resep lah beuki rame bae ieu babakan Kusnet.
TS
Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nuhun kana pangwilujengna.
Kapayun disambung deui.
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alajkoem salam...
Wiludjeng soemping Mang..
Nepangkeun abdi Ndoell, pameget, tjeuk kabogoh abdi mah kasép,
kawit ti Koeningan, ajeuna doemoek di wewengkon Dépok.
di Koesnét, abdi djanten Kuntjén anu ka #8.
Bilih rada telat di-approve, mugia dimaklum, koemargi
Kuntjén-na nudju rada pakepoek. Koekitoena, mostingna sakali
waé nja, mang ?
heu heu
-Doel-
Toekangteuing
--- In [email protected], "djakariapurawidjaja"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Assalammualaikum w. w.
>
> Kenging wartos aya urang sunda group ti pun anak, nya hoyong
ngiring
> ulubiung sugan aya bahan katampi, punten bisi tumorojog tampa
larapan,
> rupina sakieu heula etang etang ucap munggaran.
>
> Wassalam.
>
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.