Assalamua'laikum Wr Wb,

Wargi sadayana kum we teu di wiji2 nya' hatur nuhun pisan kana pidu'ana
Alhamdulilah berkah pangdu'a tisadayana pun bojo ayeuna tos ngawitan ligar deui
tos jagjag mung ncan 100% masih leuleus cunah....
ari perkara panyawat na mah.. nya'' panyawat naon da' sana panyawat,
mung iyeu cocobi we ti gusti anu maha suci pikeun ngalatih ka sabaran
ka simkuring sakulawarga
nya caritana kieu"
saur dokter kandungan pun bojo nuju kakandungan nu lamina 2 sasih' nya
kakandungan anu kadua' da' nu kahiji mah tos pinte lumpat
nya harita pas poe salasa isuk2 kaluar getih. tina laranganana
teras sontena di candak ka PKPN ka dokter kandungan
hasilna : pun  bojo karuron, tapi saur dokter bilih panasaran yeuh
cobain obat, engke dinten kemis kadieu deui, nya akhirna poe kemis ka
dokter deui, da' ngagedih teterusan..
hasilna teu bisa di pungkur kudu du curret/kiret
nya peuting harita keneh langsung dicandak ka RSUD dr slemat Garut
(ah gejul pisan pelayanan publikna ancur2an)
akhirna poe sabtu isuk2 di curret
terus sabtu sonten tos tiasa mulih ka bumi, statusna mah pulang paksa
di rekam medis rs,
da' teu keudah disebatkeun deui... upami nambih waktos teu kiat
wargadana.. nya alhamdulilah sabisa2 di pairan di bumi mitoha di
karang pawitan, tug dugi kayeuna..

kitu tah lalakona mah.. ayeuna simkuring geus tatahar deui rek nyiar
rejeki deui di deyeuh jakarta, sugan jeugn sugan aya milik tiajali aya
berkah tigusti nu maha suci

atuh teu hilap hatur nuhun pisan kasadayan wargi kusnet kana pidua'na
kum we kasadayana.. nya hatur nuhun pisan ka irpan tos tiasa
ngiberkeun ka wargi sadayana.

sakitu heula
salam baktos

Agus, Ani, Haifzh sareng kulawarga sadayana

-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
 08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke