Mangga diantos dukunganana kanggo pilkada Walikota Cimahi 2007

farida ristiana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            kang Brad.....Naon 
bentenna "Jaleuleu" sareng "Tarajal" ?
  Haturnuhun....
  -id-
   
  Tarajal
  (syair Hirdzan, musik Ismet/Yadi, vocal Nur Azis)
  
  Jaleuleu ja jaleuleu ja
  Tulak tuja eman gog
  Seureuh leuweung bay
  Jambe kolot blug
  
  Ait…uahaaa….how are you, Nyi Kuwu?
  Iah…haha
  Yeah I miss you
  We are miss you..you heuhh haha…
  How are you, Ki Demang?
  You want to support my group
  You want to Support..haha…
  What super…heuh?  eh lain keeper, tapi support
  Iah…hihaha
  I am very-very thank you
  
  Jaleuleu ja ja ja jaleuja aaa
  Tulak tuja jaeman gog
  
  Jaleuleu ja ja ja jaleuja 
  Tulak tuja jaeman gog
  
  Seureuh leuweung seureuh leuwueng 
  Jaleuleu ja jaleuleu ja…….
  
   Reff.
  Ait…..hihaha
  Yeah  I am sorry if I geus torojol deui wae 
  kadieu….
  Yeah, Come here Nyi Kuwu…hah
  I am very-very miss you.hah….hiahaha
  Yeah baheula aya babaturan anu leungit dileuweung
  Kaasup kuring sorangan
  Bergelantungan ditangkal
  Tangkal…tangkal…anu matak urang 
  Membawa… lupa diri…gitu yah
  Haha….
  Selamat  menikmati ber-Kandaga!
  Ait…hihihaha 
  Hiaaattt…
   
  -ida-
  

brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
  Katoel ku Juragan “tukang teuing” medar perkawis nu burung, edan jeung nu 
waras, asa kahudangkeun inget hiji paribasa “Nu edan dikendangan, nu burung 
diangklungan”, katurug-katutuh baheula sajarah salahsahiji anu “ngalarapkeun” 
eta kalimah salaku “pangjurung hade”, perenah aya nu medar oge di ieu babakan 
(kang iwa cyber…upami teu lepat).   
  
  Mimiti nyaho 4-5 taun katukang jeung nonton di TV ari pek teh langsung bogoh, 
beu! Diteruskeun neangan kaset atawa CDna (Compact Disk) di Jakarta jeung 
Bandung. Alhamdulillah kenging sawareh, da anu lengkep mah dijualna di luar 
nagrek. Nonton langsung can kawenehan, da sok keuna panyakit bengbatan, nu 
ngabalukarkeun hanjelu leuwih gede tibatan nyiru…tampir we sugan mah!
  
  Lamun salse pek ngadengekeun kawih-kawih dina album ieu, rarasaan teh bleg 
weh kabayang kumaha sabilulunganana karuhun urang lamun pindah pusat kakawasaan 
ti karaton Surawisesa (Galuh) ka karaton Sri Bima (Sunda/Pakuan). Rahayat 
leutik teu sirik, panggede teu gumede. Estu silih geuing, silih rojong keur 
kamaslahatan nagara jeung bangsa . Kebat ti wetan ka kalon atawa ti kulon ka 
wetankeun, euweuh rasa gimir jeung rumahuh, malah diselangan ku gogonjakan nu 
bisa nyingkahkeun kacape, rasa wegah jadi guligah. Sareundeuk, saigel teh lain 
bobohongan. Mun ditilik, disidik-sidik ah…bleg we teu dipiceun sasieur…ti 
mimiti nu sorana leutik nepi ka nu sorana badag, silih dukung silih rojong nu 
ngabalukarkeun hiji campuran/komposisi anu matak meureudeuy, kumerot neureuy 
ciduh sorangan!   .  
  
  Keur bukti yen “nu burung jeung nu edan ” bisa oge jadi pangjurung atawa 
pangrojong hade dina karancagean,  ngahaja ngorowot seratan bubuka Album Salsa 
and Salse kagungan Sambasunda. Ditarjamahkeun “sangeunahna” tina basa Inggris.
  
  Salsa Jeung  Salse
  Dahar, Matuh, Ulin teu jauh ti Awi  
  
  Keur urang Sunda, tangkal awi lain ngan ukur tutuwuhan biasa tapi 
mangrupakeun hiji tangkal anu kacida pohara pulunganeunana, contona we; keur 
ngawangun imah, parabot, alat kaamanan, pakarang, cengcelengen nepi ka 
sabangsaning kadaharan nu kacida pelemna. Keur  para inohong kasenian, ku ayana 
parabot calung jeung angklung geus eces nandakeun hiji kamonesan awi tina 
karancagean anu kacida luhungna.
  
  Teu aneh mun dina budaya urang Sunda aya hiji paribasa anu moal bireuk deui 
“Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan”.  Rada hese mun neangan paribasa 
nu sarua dina basa Endonesia. Leuwih hade lamun nyawang pihartieun kalimah ieu 
“ The lunatic one is locked in the cage, the insane one is under Angklung”. 
Babasan ieu memang togmol jeung heuras oge.  Ku jalan ngaleungitkeun (don’t 
waro) harti nu goreng dijerona, paripolah ieu the geus jadi pangjurung hade 
dina panalungtikan keur balad Sambasunda utamana  dina ngawangun hiji 
masyarakat di jagat hiburan.
  
  Ngeunaan Salsa jeung Salse
  Salsa mangrupakeun hiji kasenian Latin, nu dikeureuyeuh ditalungtik jeung 
dipintonkeun make parabot kasenian tina awi nu dilarapkeun dina ampir kabeh 
kawih dina ieu album. Salse mun dina bahasa Inggris mah meureun “relax and 
easy”, mangrupakeun hiji kabiasan nu teu jauh tina kahirupan sapopoe wadiya 
balad Sambasunda.
  
  Tuluy, naon cenah “gantar kakaitanana”? Euweuh, ngan sanajan bari salse, 
album Salsa ieu bisa rampung. Jeung deuih  harepan utama ku ayana medalna  
album ieu teh lain ngan saukur nambahan jumlah tapi oge bisa leuwih jembar.
  
  Album ieu gede pisan ajenna, lantaran dikokojoan inohong-inohong seni ngora 
saperti Efiq Zulfikar jeung Yadi Cahyadi.  Keur Sambasunda mah maranehna teh 
teu beda jeung tangkal awi, euweuh piceuneunana.
   
  Daftar Kawih 
  1. Team Risk
2. Bentol Soca
3. Jaleuleu
4. Solali
5. Tarabalaka
6. Kool’n Trunk
7. Sisidueun
8. Jalueleu (minus one)
  
PT. Gema Nada Pertiwi, 2001


  Rujukan: CD Album Salsa and Salse: we live, we eat, we play with bamboos, 
Sambasunda, 2001
  

siporenges
  nu resep musik sambasunda

    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos. 

    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         

       
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!

Reply via email to