Teh Roro, sigana mah cocok nya janten "korem" da namina oge RO2 = Remote
Operator 2 hehehehe ... Banyol nya teh ulah dicandak manah :)

On 5/1/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Heheh…Kang Asep nuhun pujianana sareng kaangge mah. Hatur lumayan,
sasieureun sabeunyeureun babagi elmu, da mung sakitu geuning buktosna
katiasa abdi.

Ping 13 Mei 07 aya acara jalan santai di STV nu diwawarkeun ku Aang
presenter acara Bandung Teaaa…(hanjakal teu tiasa ngiringan...) ieu ge acara
kameumeut abdi….Ih, ni seueur nya acara kameumeut teh? ah, nu penting mah
sanes sinetron atanapi gozip! Maklum tuda, sadidinten tos uih kuli teras we
janten Korem alias Komandan Remot atanapi "anak nongkrong" payuneun
TiPi…heheh…



ro2

anaknongkrong



Re: [Urang Sunda] Si Kabayan ala Achdiat K. Mihardja



Teh Roro anu bageur pisan,

Hatur rewu nuhun kanggo waktos sareng tanagina medar "Si Kabayan" ala
Achdiat K. Mihardja kalayan cekap panjang lebar; henteu panjang teuing,
henteu lebar teuing.

Janten panasaran hoyong terang acara Si Kabayan di STV. Engke upami ka
Bandung bade nyobi milarian kanal STV, mudah-mudahan pas dina waktos tayang
acarana.

Salamna,
Asep





Reply via email to