Sahenteuacanna karajaan Sunda sareng karajaan Galuh ngadeg, wilayah anu 
kawengku ku kadua karajaan eta teh diwengku ku Tarumanagara. Cenah saur buku 
Nusantara, parwa II sarga 3 (kaca 159 – 162) nyutat yen Tarumanagara ngawengku 
langkung ti 48 karajaan anu langkung alit ti Salakanagara atanapi Rajatapura 
dugi ka Purwalingga anu wates di wetanna teh walungan Cipamali (Brebes). Janten 
urang Sunda sareng urang Galuh teh kantos saraja sareng sanagara.
   
      Sabada Ngadegna Galuh, wewengkon Tarumanagara dibagi dua janten karajaan 
Sunda sareng karajaan Galuh, dimana Citarum janten watesna. Ti saprak harita, 
kadua karajaan pisah sareng ngahiji deui sababaraha kali.


Dina warsih 1482, karajaan Sunda sareng karajaan Galuh ngahiji deui kalayan Sri 
Baduga Maharaja minangka rajana. Wates wewengkonna di wetan masih walunga 
Ciserayu sareng walungan Cipamali (kali Brebes) sapertos disaurkeun ku pangeran 
Bujangga Manik. Bangsa anu dumuk di eta karajaan disebat urang Sunda sapertos 
dilaporkeun dina cutatan urang Portugis oge bangsa sanesna mung wilayahna 
janten nyempitan; wates wetanna mung dugi ka walungan Cimanuk.
   
  Janten kacindekannana, urang Sunda (ti selat Sunda dugi ka walungan Brebes) 
teh kapungkur saraja sareng sanagara; panginten sabasa oge.
   
  Salamna,
   
  Asep
  

brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Saratus mj! 
  Dina buku sajarah Cianjur kitu? (hilap deui), aya katerangan ku jalaran raja 
Galuh Dewa Niskala nikah ka hiji istri larangan nu ngungsi ti Majapahit nalika 
diserang ku Demak, ngabalukarkeun rahayat Galuh jeung pihak raja Sunda 
"protes". Antukna raja Galuh jeung raja Sunda turun tahta. Dewa Niskala 
digentos ku putrana anu oge minantu raja Sunda, Sri Baduga Maharaja. Jadi Galuh 
jeung Sunda ngahiji deui, meureun anu katelahna ayeuna Padjadjaran. Ku ayana 
kajadian diluhur, urang Galuh kacida kawiwirangan nu antukna tara deui nyebut 
urang Galuh tapi urang Sunda.hehe. Waktu harita masih keneh pamali mun kawin ka 
urang Majapahit, sigana ku lantaran kajadian di Bubat tea.   
   
  Lain ukur raja Galuh wae nu nikah jeung nu ngungsi ti Majaphit teh, tapi aya 
oge hiji pangeran nu ngarana Raden Baribin kawin jeung putri Galuh. Nu engkena 
nurunkeun urang  Banyumas/Purwokerto (www.banyumas.go.id). Dina basa Sunda, 
duka ngan diwewengkon kuring. Aya kecap "baribin", nu sok dilarapkeun dina 
kalimah saperti, "Sia mah sok ngabaribinan!". Nu hartina "sok ngahesekeun atawa 
nyusahkeun batur". Sigana kecap ieu nyokot ti ngaran pangeran Majapahit eta. 
Heu, meureun! hehe       
   
  siporenges
  turunan galuh nu ngaku urang indo
  

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
       
Enya eta. Sang Manarah teh Ciung Wanara. putrana Permana dikusumah.

Baheula enya kungsi kitu. nu disebut Galuh teh ti Citarum ka Wetan, nu
disebut Sunda, ti Citarum ka Kulon. dina buku Ensiklopedia Sunda, asa aya
peta tatar sunda nu ngambarkeun wates eta. asana jaman incuna Ciung
Wanara nu kungsi gelut jeung Hariang Banga. aya dina buku Sejarah Jawa
Barat-yuganing rajakawasa Yoseph Iskandar terbitan Geger Sunten.

--------

Baraya sadaya:

bade naros ari nu disebat Manarah teh saha? naha Ciung Wanara tea, aabdi
kantos nampi artikel anu unina kieu (punten teu d sundakeun):

"Keturunan Manarah yang laki2 terputus sehingga pada tahun 852 tahta Galuh
jatuh kepada Keturunan Banga (Hariang Banga?) yaitu Rakeyan Wuwus yang
beristrikan putri keturunan Galuh, sebaliknya adik perempuan Rakean Wuwus
menikah dengan putra Galuh yang kemudian menjadi Raja Sunda IX dengan
gelar Prabu Darmaraksa Buana.  Kehadiran orang Galuh sebagai Raja Sunda di
Pakuan waktu itu belum diterima secara umum.

tina perkawis eta naha ari Urang Galuh teh Sanes urang Sunda? upami nilik
kecap Raja Sunda di Pakuan katinggalna aya anu ngabentenkeun antawis
Sunda, Pakuan sareng Galuh, nyuhungkeun pencerahannana.

Baktos

Yayan-Bogor

----------
mj

http://geocities.com/mangjamal




         

---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check out new cars at Yahoo! Autos.            

---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check out new cars at Yahoo! Autos. 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke