Punten Kang Asep,
   
  Simkuring bingah tur reueus ku keresana Akang ngadamel seratan ngeunaan 
sajarah urang ti mimiti karajaan Salakanagara, komo deui ieu dina basa Inggris. 
Saratus lah kanggo Akang!  Aki Tirem..., aya oge nu "ngaku-ngaku" yen si aki 
ieu karuhun salah sahiji etnik di Indonesia. hehe....sae.
   
  Kang, upami judulna Sunda Land naha moal "pabaliut" sareng Sunda land versi 
sanes, contona arkeologi (?), kitu?. Anu dina sababaraha seratan abdi mendakan 
yen Sunda land teh wewengkon anu ayeuna mah disebat Sunda Besar, Sunda Kecil, 
Malyasia Peninsula, jrrd, nu kapungkurna ngahiji. Sunda Land sok disajajarkeun 
sareng Sahul.  Malah di Australia mah aya cocooan atawa game "Sunda to Sahul", 
nu ngangkat carita ieu. Atanapi eta mah ngan saukur ngaran keur milah-milah 
sasaton wungkul damelan Alfred Russel Wallace?
   
  Seratan ngeunaan Sunda land  eta, perenah ku kuring didongengkeun ka 
babaturan urang peuntas anu tataros ngeunaan asal-usul Sunda. Nu waktos harita 
kuring teu acan maca naskah kagungan pangeran Wangsakerta ( muhun tina buku alm 
Mang Ayat, alm Mang Edi sareng alm Mang Saleh, alm Mang Aca, mang Yoshep). 
Cindekna, upami Sunda land wewengkon  nu disebat diluhur, panginten nu matuhna 
oge disebut urang Sunda. Janten, urang Malayu, urang Philipina, jrrd oge 
karuhunna urang Sunda. Heu euh...baheula. Heuheu...analisa nyanyahoanan! 
   
  Tadina mah kuring mung hoyong ngajentrekeun ka babaturan teh, yen...memang 
bisa kaharti yen urang Indonesia teh dulur lain ngan ukur diwengku ku nagara 
Indonesia wungkul tapi geus ti baheula keneh. Mung babaturan teh beda 
pamadegan, da cenah seler manehna mah...asalna ti rombongan nabi Nuh nu kasasar 
tepi ka wewengkon Indonesia ayeuna. heheh...deui wae!    
   
  Keur sakuringeun, seratan pangeran Wangsakerta atanapi Sundaland versi 
arkeologi (?) sarua/sajalan nandeskeun yen urang Indonesia, Malaysia jeung 
sabudereunana anu baheulana Sundaland teh dulur atawa baraya keneh. Sanajan 
ayeuna, nu disebut urang Sunda teh ngan saukur nu matuh diwewengkon titinggal 
Pakuan Padjadjaran, atawa West Java versi Walanda taun 1926 (?) atawa oge Jawa 
Barat jeung Banten versi Indonesia. Cindekna keur sakuringeun: Pangeran 
Wangsakerta sajalan jeung "sajarah" Sundaland. Heup...ah loba teuing wadulna.
   
   
  Rujukan : 
  1. Mitochondrial Genome Variation and Evolutionary History of Australian and 
New Guinean Aborigines - Max Ingman and Ulf Gyllensten, Dept of Genetics and 
Phatology, Univ. Uppsala, Sweden.
  2. http://sagacity.aires.com.au/SundaToSahul.html
  3. http://en.wikipedia.org/wiki/Sundaland
   
  Haturnuhun,
  siporenges
  Postingan ieu versi siporenges wungkul, jadi subyektif pisan. 

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke